BAHRUTENG NU JADI BALUWENG
[asmarandana]
ngadenge basa keur leutik
sanajan dedenge tarak
kolot anu eukeur ngobrol
direumbeuy kecap injeuman
nyarita soal waragad
harita mah rada bingung
na naon atuh hartina
sihoreng teh eta geuning
rarancang hiji udagan
anu disebut bahruteng
nyurupkeun dina kahayang
saluyu jeung kamampuhan
ngitung duit reujeung waktu
ngatur nu rek dipilampah
cenah aslina 'begrooting'
asalna basa walanda
basa inggrisna mah 'budget'
nu dimaksud teh anggaran
ngitung beya reujeung program
tangtu bae kudu nyurup
jeung 'dana' tur kamampuhan
--
anyar gawe milu mikir
disangka sugan teh gampang
tapi geuning hararese
jeung rea alang ujurna
da beda jeung teorina
heug kudu nyambung nyarungsum
tapi loba sesekelan
bahruteng beres diketik
jumlahna teh gede pisan
dirapatkeun ku inohong
usulan teh dicoretan
tapi nimbulkeun masalah
rarancang jadi teu nyambung
kapaksa kudu dibongkar
waktuna teh ngan saeutik
sedengkeun programna rea
tapi hayang asup kabeh
supaya di kantor pusat
teu rea anu di sunat
angggaran jadi teu puguh
angkana digitik rata
anggaran turun teh leutik
asana moal nyukupan
lamun dibandingkeun 'target'
tapi dalah dikumaha
jalankeun saaya aya
sakapeung sok pabaliut
hese ngokolakeunana
beh dieuna mah make 'trick'
nyieun program teh sing rea
supaya henteu dicoret
kuring rek nelepon heula
ka batur anu di pusat
malahmandar lulus banglus
anggaran disatujuan
dina jaman anu werit
katambah goreng lingkungan
urang teh jadi kadempet
itu salah ieu salah
nu bener can tangtu meunang
mun salah diincer tangtu
hate urang gegebegan
resiko jadi pamingpin
ngahareupan pasimpangan
mun salah pilih jeung mengkol
'kapeka' bageanana
unggah ka bale watangan
karir urang jadi ancur
salian meunang wiwirang
tapi lamun urang tigin
nyekel kana bebeneran
rancingeus rea kadaek
waspada permana tingal
asana mah moal gagal
mun nasibna henteu untung
rugi ge moal kacida
---
skmi 10102011
Kuring nu ayeuna lain kuring nu baheula Apanan kitu kuduna manusa mah,, poè ieu kudu leuwih hadè batan kamari.. poè isuk kudu leuwih hadè batan ayeuna.. mun teu kitu, rugi ngarana.
Jumat, 21 Oktober 2011
Undangan_05
RUKUN TETANGGA 07 RUKUN WARGA 15
KELURAHAN BEJI KECAMATAN BEJI
KOTA DEPOK
Jl. Nangka Gg. Pepaya No. 31 082112478932
No : 05/UND/X/2011
Perihal : Undangan
Lampiran : -
Kepada Yth:
Warga Rt. 07 / 15
Di tempat
Dengan Hormat
Puji syukur kita panjatkan ke hadirat Tuhan yang maha esa. Semoga kita semua diberi kelancaran dalam melakukan aktifitas sehari-hari.
Pada musyawarah yang diadakan di Mushola Nurul Iman pada tanggal 17 Oktober 2011 yang lalu, disepakati beberapa hal, diantaranya tentang kepanitiaan Qurban 1432 H, kepengurusan arisan periode yang baru, dan kerja bakti lingkungan.
Dalam hal ini pengurus Rt. 07 / 15 mengundang Bapak-bapak warga sekalin untuk hadir pada kerja bakti yang akan dilaksanakan:
Hari / Tanggal : Minggu / 23 Oktober 2011
Waktu : Pkl. 08.00 - selesai
Tempat : Lingkungan Rt. 07/15
Demikian surat undangan ini kami sampaikan, semoga kita semua diberi kemudahan untuk menghadirinya. Dan atas perhatiannya kami haturkan banyak terima kasih.
Hormat Kami
Ketua Rt.07/15
Denis Iskandar
Senin, 03 Oktober 2011
Emut ka Mama Karom
[Sanès Pupuh]
Sok emut ka mama karom
|
ngawulang matematika
|
kadang ngawulang PMP
|
da gening kirang guruna
|
maklum kampung bau lisung
|
sukuna gunung galunggung
|
Waktos ngawulang PMP
|
saur mama urang dikte
|
bijilkeun buku jeung pulpen
|
mimiti baris kahiji
|
celengkeung tèh tulis GARU
|
barudak kadon olohok
|
celengkleung si asep dani
|
can kungsi kotrèt na buku
|
hapunten mama yeuh abdi
|
teu ngartos GARU tèh naon
|
bari gagaro mastaka
|
luak lieuk ka baturna
|
cakakak mama gumujeng
|
bangun nu ngeunah kacida
|
bari celengkeung nyarios
|
pan GARU tèh Garis baRU
|
sok geuwat gera narulis
|
bisi kaburu bèl mantèn
|
Rabu, 28 September 2011
Pupuh Murangkalih
ADI KURING
[asmarandana]
abdi gaduh rai alit
matak resep lucu pisan
nangis mun tos hoyong bobo
suranyeh mun dioconan
resep kana cocooan
estuning matak kayungyun
ka abdi teh apet pisan
upami pun adi nangis
ku ema sok diupahan
enggal geura sina nyonyo
jep repeh tur pogot pisan
pinareup teh digegelan
lajeng ku ema diayun
disangkeh dina aisan
pinter pisan ema abdi
tulaten ngurus putrana
mun enjing bayi dibedong
salirana diwedakan
saparantos disiraman
teu hilap teras dibalur
kayu putih ngahaneutan
diropea dipiasih
ditalingakeun emamna
adi teh beuki morontod
montok tur badanna sehat
arang kaserang panyawat
mun hereeng mung dibalur
ku bawang ge enggal damang
pun adi teh beuki lami
ngageungan tiasa mapah
tapi polahna sok oces
barang-barang sok diacak
atuh kamer paburantak
kuring katempuhan atuh
memeres eta rohangan
pami abdi nembe uih
ti sakola pasisiang
pun adi mapag di panto
bari ngucap aa aa
teras tanganna diangkat
kahayangna teh dipangku
kalahka jadi ogoan
mun abdi diajar ngaji
pun adi ge sok ngiringan
ngarebut tutunjuk nyere
nu ku kuring dicepengan
paranti ngaos al quran
nyere lesot kantun curuk
da kuring osok ngelehan
---
skmi 23092011
Sabtu, 24 September 2011
NYALINDUNG KA GELUNG
NANGGEUH KA NU JEGUD
[asmarandana]
lain ngan anyar kiwari
da eta mah ti baheula
geus lumrahna ti bareto
mun jajaka jalma susah
meunangkeun kolot jeung randa
bari si randana jegud
'nyalindung ka gelung' eta
ulah arek nyisikudi
sabab kitu dasar cinta
umur henteu rek ditenjo
randa henteu jadi soal
asal hate kabeh bagja
rymah tangga asal junun
layeut geugeut tur satia
komo lamun selebriti
randa ge da bisa midang
boga ngaran jeung populer
diuar-uar media
jadi bahan kacapangan
malah resep lamun gujrud
'ratingna' jadi nambahan
ngan kahade ati-ati
lamun ngawin hiji randa
idahna kudu geus beres
anjeun ulah lalawora
wani ngarumpak agama
engke orok pabaliut
nanyakeun saha bapana
teu dilarang arek kawin
beda umur henteu haram
jodo mah kudrat ti Alloh
manakitu ge nasibna
asal urang kudu taat
rumah tangga masing jucung
ulah jadi kaulinan
---
skmi-23092011
[asmarandana]
lain ngan anyar kiwari
da eta mah ti baheula
geus lumrahna ti bareto
mun jajaka jalma susah
meunangkeun kolot jeung randa
bari si randana jegud
'nyalindung ka gelung' eta
ulah arek nyisikudi
sabab kitu dasar cinta
umur henteu rek ditenjo
randa henteu jadi soal
asal hate kabeh bagja
rymah tangga asal junun
layeut geugeut tur satia
komo lamun selebriti
randa ge da bisa midang
boga ngaran jeung populer
diuar-uar media
jadi bahan kacapangan
malah resep lamun gujrud
'ratingna' jadi nambahan
ngan kahade ati-ati
lamun ngawin hiji randa
idahna kudu geus beres
anjeun ulah lalawora
wani ngarumpak agama
engke orok pabaliut
nanyakeun saha bapana
teu dilarang arek kawin
beda umur henteu haram
jodo mah kudrat ti Alloh
manakitu ge nasibna
asal urang kudu taat
rumah tangga masing jucung
ulah jadi kaulinan
---
skmi-23092011
NU DIPIKANYAAH
ADI KURING
[asmarandana]
abdi gaduh rai alit
matak resep lucu pisan
nangis mun tos hoyong bobo
suranyeh mun dioconan
resep kana cocooan
estuning matak kayungyun
ka abdi teh apet pisan
upami pun adi nangis
ku ema sok diupahan
enggal geura sina nyonyo
jep repeh tur pogot pisan
pinareup teh digegelan
lajeng ku ema diayun
disangkeh dina aisan
pinter pisan ema abdi
tulaten ngurus putrana
mun enjing bayi dibedong
salirana diwedakan
saparantos disiraman
teu hilap teras dibalur
kayu putih ngahaneutan
diropea dipiasih
ditalingakeun emamna
adi teh beuki morontod
montok tur badanna sehat
arang kaserang panyawat
mun hereeng mung dibalur
ku bawang ge enggal damang
pun adi teh beuki lami
ngageungan tiasa mapah
tapi polahna sok oces
barang-barang sok diacak
atuh kamer paburantak
kuring katempuhan atuh
memeres eta rohangan
pami abdi nembe uih
ti sakola pasisiang
pun adi mapag di panto
bari ngucap aa aa
teras tanganna diangkat
kahayangna teh dipangku
kalahka jadi ogoan
mun abdi diajar ngaji
pun adi ge sok ngiringan
ngarebut tutunjuk nyere
nu ku kuring dicepengan
paranti ngaos al quran
nyere lesot kantun curuk
da kuring osok ngelehan
---
skmi 23092011
[asmarandana]
abdi gaduh rai alit
matak resep lucu pisan
nangis mun tos hoyong bobo
suranyeh mun dioconan
resep kana cocooan
estuning matak kayungyun
ka abdi teh apet pisan
upami pun adi nangis
ku ema sok diupahan
enggal geura sina nyonyo
jep repeh tur pogot pisan
pinareup teh digegelan
lajeng ku ema diayun
disangkeh dina aisan
pinter pisan ema abdi
tulaten ngurus putrana
mun enjing bayi dibedong
salirana diwedakan
saparantos disiraman
teu hilap teras dibalur
kayu putih ngahaneutan
diropea dipiasih
ditalingakeun emamna
adi teh beuki morontod
montok tur badanna sehat
arang kaserang panyawat
mun hereeng mung dibalur
ku bawang ge enggal damang
pun adi teh beuki lami
ngageungan tiasa mapah
tapi polahna sok oces
barang-barang sok diacak
atuh kamer paburantak
kuring katempuhan atuh
memeres eta rohangan
pami abdi nembe uih
ti sakola pasisiang
pun adi mapag di panto
bari ngucap aa aa
teras tanganna diangkat
kahayangna teh dipangku
kalahka jadi ogoan
mun abdi diajar ngaji
pun adi ge sok ngiringan
ngarebut tutunjuk nyere
nu ku kuring dicepengan
paranti ngaos al quran
nyere lesot kantun curuk
da kuring osok ngelehan
---
skmi 23092011
HALODO
DANGDARAT DI LEMBUR
[maskumambang]
matak waas mun inget basa bihari
lembur matak betah
walunganna curcor cai
tapi ayeuna ngoletrak
sihoreng teh gunung gundul jarang kai
da ditaluaran
diganti cabe saledri
atawa eurih tegalan
di longok teh geuningan sungapan cai
liangna saraat
ari nu sawareh deui
paralon jaradi talang
balukarna lembur kakurangan cai
sawah teh balencar
balong ge saraat deui
nu aya ge bet peureuan
tatangkalan dahanna teh bet gararing
jadi ngarangrangan
kebon ge pinuh ku eurih
hawa lembur jadi panas
ceuk nu apal kudu direboisasi
pelakan ku tangkal
anu bisa nahan cai
nyerep lamun hujan datang
tapi naha nu datangna teh banjir
sawah kacaahan
lauk di balong paralid
mun halodo kalah gahgar
alesan mah cenah eta ganti 'musim'
tapi naha enya
lain sabab urang lali
kana kanyaah ka alam
---
skmi 22092011
[maskumambang]
matak waas mun inget basa bihari
lembur matak betah
walunganna curcor cai
tapi ayeuna ngoletrak
sihoreng teh gunung gundul jarang kai
da ditaluaran
diganti cabe saledri
atawa eurih tegalan
di longok teh geuningan sungapan cai
liangna saraat
ari nu sawareh deui
paralon jaradi talang
balukarna lembur kakurangan cai
sawah teh balencar
balong ge saraat deui
nu aya ge bet peureuan
tatangkalan dahanna teh bet gararing
jadi ngarangrangan
kebon ge pinuh ku eurih
hawa lembur jadi panas
ceuk nu apal kudu direboisasi
pelakan ku tangkal
anu bisa nahan cai
nyerep lamun hujan datang
tapi naha nu datangna teh banjir
sawah kacaahan
lauk di balong paralid
mun halodo kalah gahgar
alesan mah cenah eta ganti 'musim'
tapi naha enya
lain sabab urang lali
kana kanyaah ka alam
---
skmi 22092011
PIWURUK
SABAR NANDANGAN KAHIRUPAN
[mijil]
dina hirup urang sing tarapti
waspada lalakon
teu gareuwah reujeung epes meer
sabar lamun keur meunang kasedih
hirup ati ati
teu ngalajur napsu
mun kiwari kabongbroy materi
tangtu teu maido
geus jamanna mana kitu oge
tapi inget kudu dikadali
ulah rek ka nepi
dunya ngabelenggu
rea jalma anu teu areling
kaasup inohong
jalma cacah ge sarua wae
kabehna teh bet arasup bui
ditangkep pulisi
urang mah tong kitu
ulah sedih nanjan anjeun miskin
sing yakin ka Alloh
lamun sabar dibales tanwande
sabab engke dina poe ahir
tangtu bakal bukti
Alloh teu taradud
lamun anjeun beunghar luhung harti
kudu jadi conto
sukur ni'mat laku lampah soleh
ulah hawek komo bari medit
ulah 'buntut kasir'
bisi Alloh bendu
---
skmi 22092011
[mijil]
dina hirup urang sing tarapti
waspada lalakon
teu gareuwah reujeung epes meer
sabar lamun keur meunang kasedih
hirup ati ati
teu ngalajur napsu
mun kiwari kabongbroy materi
tangtu teu maido
geus jamanna mana kitu oge
tapi inget kudu dikadali
ulah rek ka nepi
dunya ngabelenggu
rea jalma anu teu areling
kaasup inohong
jalma cacah ge sarua wae
kabehna teh bet arasup bui
ditangkep pulisi
urang mah tong kitu
ulah sedih nanjan anjeun miskin
sing yakin ka Alloh
lamun sabar dibales tanwande
sabab engke dina poe ahir
tangtu bakal bukti
Alloh teu taradud
lamun anjeun beunghar luhung harti
kudu jadi conto
sukur ni'mat laku lampah soleh
ulah hawek komo bari medit
ulah 'buntut kasir'
bisi Alloh bendu
---
skmi 22092011
Pasèa
Saenyana mah asa éra ngadongéng téh..
Tapi keun wé deuh..
Da meureun kabéh gé pasti ngalaman..
Tong boro salaki jeung pamajikan..
Awéwé jeung lalaki nu keur mangsana bobogohan..
Papada sobat dalit..
Pasti kungsi ngalaman nu ngaran paséa mah
Boh leutik boh gedé
Anu penting mah kumaha sikep urang..
Mun keur kaalaman ku diri sorangan..
Pan ceuk nu pinter mah,,,
“Ambil sisi baik dari setiap kejadian yang kita alami”
Pon kitu deui paséa..
Da gening aya nu beunang di ala tina paséa téh,,..
Bari uulah ari ngahaja-haja mah kétang
Kahiji…
Sok rada remen da bibi atawa mamang kuring
Ngadongéngkeun kalakuan si abah (aki)
Mun keur dicarekan ku si ema (nini)…
Kieu cenah…
Si abah mah, lamun keur dicarékan ku ema téh da tara ieuh némbal
Estuning ngeluk tungkul
Sugan sok sakecaaap…. Da taara
Atuda kacipta, kumaha céréwédna si ema
pan kuring gé ngalaman atuh diasuh ku ema mah
wa’as bari rada miripis téa
sowanten treble satakerna, bass na ampir pareum
cempréng…. Heuheu…
hapunten ema da kitu téh panginten ema mah kanggé kasaéan urang sadaya.
Mun geus rada leler téh si ema cacarios…
Abah mah mung sakieu…
“Atos ma nyarios téh?... pami teu acan mangga lajengkeun”
Atuh teu wudu… capétang deui waé eté si ema
Kacipta… hanyakal kuring mah teu kungsi nyaksian
Kadua…
Nu kaalaman ku kuring sorangan ieu mah
Basa kuring paséa jeung sakadang jikan
Bari rada nyonto kana kalakuan si Abah téa kuring téh
jempé teu ngomong sakecap-kecap acan
estuning heueuh heueuh bueuk wéé
Murudul téh lain wadul
Murubut sagala disebut téh nyaan
Teu sirikna dibudalkeun kabéh éta eusining haté
Ditalar téh nyaan teu ngéjah-ngéjah acan jigana
Sagala codéka kuring, kakurangan kuring, katugenah manéhna
Kabéh ditataan taya nu kaliwat
oOo
kuring jadi inget kana hiji papatah heubeul
“Tanyakanlah apa kekuranganmu pada musuhmu”
Da enya atuh…
Pan saharitaeun mah meureun jikan kuring téh keur jadi musuh
jadi kuring nyaho naon waé kakurangan kuring ka jikan..
naon waé ka tugenah jikan…
jadi kuring nyaho palebah mana nu kudu dibebener téh
da lamun seug ngahaja-haja mah sina nyebutan hiji-hiji
pan can puguh kedal…
Cooba mun saruana…
Nu itu ngawakwak, nu ieu némbal..
Moal teu jadi padungdung atuh
Kadéngé ku barudak
Kadéngé ku tatanga
Piring wéh ting kalayang
Gelas pru pré moal hanteu
Pan jadi riweuh kadituna
Matak kudu aya nu ngéléhan salahsahiji
Da meureun nu ngaran ngaran ngéléhan téh apan teu kudu éléh nya…
Ah kétang… étamah pangalaman kuring wéé
Can puguh sarua jeung nu séjén
Da kuring gé jauh kénéh ti ngaran bener mah
-sakitu-
Jumat, 23 September 2011
ALFATIHAH
BISMILLAHI_kalayan nyebat jenengan Alloh..
ARROHMANI_anu maha welas.. ARROHIMI_anu maha asih..
ALHAMDU_sagala puji.. LILLAHI_kagungan Alloh..
ROBBIL ALAMINA_anu mangèranan sakabèh alam..
ARROHMANI_anu maha welas.. ARROHIMI_anu maha asih..
MALIKI YAUMIDINI_anu ngarajaan dina poè kiyamah..
IYYAKA_ka Gusti wungkul.. NA’BUDU_ibadah abdi sadaya..
WA IYYAKA_sareng ka Gusti wungkul.. NASTAINU_nyuhunkeun pitulung abdi sadaya
IHDINA_muga Gusti nuduhkeun.. SIROTOL MUSTAQIM_kana jalan anu lempeng
SIROTHOLADZINA_nyaèta jalan jalma-jalma.. AN’AMTA_anu dipasihan nikmat.. ALAIHIM_maranèhan nana
GHOIRIL MAGHDUBI_sanès jalan anu dibenduan.. ALAIHIM_maranèhan nana
WALADDHOOLLIIN_sareng sanès jalan jalma-jalma anu salasar..
Rabu, 21 September 2011
Beurang Ieu
Beurang ieu panonpoè teu pati morèrèt
Angin ngahiliwir lalaunan
Nebak awak saha waè nu keur kabeneran teu ngaub
Panon teu pati teuing kudu nyureng balas ku sèrab
Kuring ngalungsar dina galengan dijuru kotakan
Suku katuhu ngajogo luhureun galengan
Atuh dampal suku nu kènca kakeueum kènèh dina kotakan
Leungeun katuhu kikiplik makè dudukuy
Leungeun kènca disampaykeun kana gagang pacul hareupeun
Bari dayagdag awak disarandèkeun kana tangkal peuteuy sèlong
Ngadagoan si nyai cenah keur dijalan ka dieukeun
Teu lila ronghèap si nyai bèh wètan
katingali ti kajauhan karèk norojol pulang tanjakan
panangan kènca ngèlèk boboko, nu katuhu ngajingjing kempis
lalaunan mapay galengan kotakan mang Samjali
bangun nu paureun èta si nyai
da ku enyana, pan galengan èta tèh can pati weweg
da karèk meunang mopokan poè kamari
inget kadinya… korèjat kuring gura giru hudang
tuluy mapag jungjunan nu karèk datang
bari ngagorowok… kadè nyaiiii… bilih geubiiisss
heup wè atuh di dinya antosan, akang kadinya nungtun nyai…
teu lila kuring duaan geus nepi ka palataran hareupeun saung di juru kotakan bèh kulon
ah teu banyat ka saung da rarasaan asa hayang nuluykeun hanca nu tadi
ngalungsar dina galengan bari ngajogo..
ngan ayeuna mah asa leuwih nikmat karasana
rèk teu kitu kumaha, pan ayeuna mah dibaturan ku si nyai atuh
nganteuran dahareun sapuratina.. teu poho dièmbohan ku gelenyuna.. nu sok matak hayang giru balik
ènggal nyi gera buka timbel tèh, akang tos teu kiat yeuh lapar… ceuk kuring
mangga kang… sabar atuh Akaang… tèmbal si nyai bari geuwat mukaan eusi boboko
ana gorèhèl bareng dibuka… eusina meni kumplit
timbel 2 guruntul dibungkus ku daun nu meni herang balas dileumpeuh
sayur waluh dicabe hèjoan karesep kuring
asin tawès menang ngagorèng garing, tapi teu nepi ka tutung
teu poho sambel tarasi meni ledok dina coet leutik.
Sok enggal akang, sakantenan sauran mang Mukti sina tuang di dieu sareng, pan ieu timbelna dua, nyai ngahaja ngagèhan kanggè mang Mukti.
Teu lila kuring ngagorowok nyalukan mang Mukti… nu keur anteng kènèh mopokan galeng palebah kokocoran belah kalèr… Maaaang… tuang heula maaang, ieu aya timbel kanggè emang candak si Nyai..
Teu kungsi lila mah derr wè kuring tiluan ngariung balakècrakan.
Emh asa ku nikmat keur kieu mah hirup tèh…
Teu inget awak luut lèèt kènèh kèsang, suku bobolokot kenek ku leutak
Nuhun Gusti, ieu tèh da pastina ogè sanes ti sasaha
Istuning pamaparinan ti Gusti… ALHAMDULILLAH
Kamis, 08 September 2011
Surat ti minantu
[Bimbo]
Abdi jangji dina ati
Ka mitoha rèk gumati
Rek asa ka indung bapa
Moal lirèn barang pènta
Abdi jangji dina ati
Mitoha kolot abdi
Ka mitoha rèk nyalindung
Nyuhunkeun modal keur nyandung
Aduh bapa aduh ibu
Mitoha abdi saèstu
Ibu bapa mugi ihlas
unggal poè ngirim beas
aduh ibu aduh bapa
ka minantu ulah tèga
abdi jangji moal kabur
tulungan rèsiko dapur
- uihan deui ti luhur
Abdi jangji dina ati
Ka mitoha rèk gumati
Rek asa ka indung bapa
Moal lirèn barang pènta
Abdi jangji dina ati
Mitoha kolot abdi
Ka mitoha rèk nyalindung
Nyuhunkeun modal keur nyandung
Aduh bapa aduh ibu
Mitoha abdi saèstu
Ibu bapa mugi ihlas
unggal poè ngirim beas
aduh ibu aduh bapa
ka minantu ulah tèga
abdi jangji moal kabur
tulungan rèsiko dapur
- uihan deui ti luhur
Dukun
[bimbo]
Bul kukus si dukun
lepus
Menyan badag sagorobag
Jampè si gedebul wadul
Anu matak anu mawi
Hulu butak katinggang
awi
Puah puah dukun lintuh
kasakit matuh
Nyi randa rèk nempo
jodo… ka dukun
Mawa menyan saboboko…
jang dukun
Jodo nyai moal hèsè..
ceuk dukuk
Teu salah isukna kawin…
jeung dukun
Mahasiswa rèk ujian..
dudukun
Teu ngapalkeun da
percaya... ka dukun
Di kelas ngawurkeun
rampè... ti dukun
Teu lulus mah salah
jampè... ceuk dukun
Marènta tulung ka dukun
Geus jadi kabudayaan
Anu pinter kabalinger
Nu teu nyaho kabobodo
Nu gering ripuh
ngagibrig
Ceuk dukun ditoèl jurig
Nu muriang dijampean
Ditiah ngagayem menyan
Rèk maèn bal hayang meunang…
dudukun
Lamun èlèh malik protes…
ka dukun
Lain jampè henteu matih…
ceuk dukun
ngan wasitna embung
nurut… ka dukun
uihan deui ka -Nyi randa…
Langganan:
Postingan (Atom)