Tengah poè èrèng-èrèngan..
Tengah sawah, Wètaneun sakola SD,, katingali barudak SD tiluan marakè
kènèh seragam ngarincid ka wètankeun bari sakapeung kadèngè hareureuy. Jigana
baralik sakola tah barudak tèh, can kungsi balik ka imah.
Teu lila reg areureun èta barudak dina palebah tangkal ceremè
deukeuteun saung mang Samjali.
Sep, naèk lah manèh “ceuk si kuswan ka Asep”
Cik atuh wan, boga pipikiran, apan kuring sakitu bayuhyuhna, meureun
teu semplak mah dahan ceremè ditaèkan ku urang mah, piraku dititah naèk “tèmbal
si Asep”
Manèh atuh yu.. “ceuk si Kuswan deui, bari melong ka Wahyu”
urang mah keur nyeri sukuna gè
wan, apan tadi tèa tijalikeuh basa mèngbal di sakola “ceuk Wahyu”
lah aingah “si Kuswan gagaro”.. kituna tèh bari tèrèkèl kana tangkal
ceremè.
Lung.. lung teu lila ceremè dialung-alungkeun ku si Kuswan ka Wahyu
jeung Asep.
Sabot kitu,,
Hawar-hawar kadèngè aya nu gogorowokan ti bèh kalèr... keur naraon sia
barudaaak. Kapanggih siah nyaa, maranèh nu sok maokan ceremè kami tèh, paingan
ceremè tèh meni teu kari, kituna tèh bari ngamang-ngamang paneunggeul.
Sakali dua kali mah aranteng kènèh barudak tèh ngalaan ceremè, da
meureun can kadèngè.
Barang geus rada deukeut... gebeg eta barudak reuwas kabina-bina, mangkaning
mang Samjali tèa geus katelah galak. Atuh teu antaparah deui si Asep jeung si Wahyu
mah.. lur ceremè, lur sapatu, lur kantong sakola lumpat sakalumpat lampèt ngabecir
ka kidulkeun bari kungsi kènèh si Wahyu mah nyalukan si Kuswan “Waan Hampura
nya, urang tiheula” waas eta si Asep anu sakitu bayuhyuhna, jeung si Wahyu anu
sukuna ingkrud-ingkrudan kènèh. Tapi da untungna mang Samjali tèh gening teu
tuluy ngudag maranèhna da ngadon ngarandeg handapeun tangkal ceremè bari
dangah. Atuh Nya puguh si Kuswan meni rey beureum ray pias tèh nyaan, bari
tuluy hing ceurik. Kira-kira kumaha tah kadituna?