Senin, 29 Agustus 2011

Anti PSSI


Isuk –isuk kawas biasa keur jalan ka sawakeun..
Numpak meri beusi di tengah mangrébu-rébu meri nu séjén
Paheula-heula, nu itu hayang tiheula, nu ieu nyakitu deui
Pating suruntul, teu kaop hareupeun aya lolongkrang saeutik
Teu sirikna batur mah ulah tiheula…

Sabot kitu, sebrut salahsahiji meri beusi nyuruntul ka hareupeun meri kuring
Bari jeung méh ngabadug bakating ku deukeut…
Ah teu ambek teusing… da rumasa kuring gé sakapeung sok kitu kalakuan
Ngan nu jadi perhatian kuring mah lain étana…
Éta na buntut meri nu hareupeun téh aya aksara
Ngan dua kecap, jeung makè aksara badag.. “ANTI PSSI”
Haaarrr… na naon maksudna éta jelema…??
Kuring jadi euweuh gawé gera…
Sajajalan tepi ka sawahkeun jadi mikiran éta aksara
Jadi ngira2 naon anu aya dina pikiran éta jelema nu boga meri..

Heueuh rék kumaha teu ho’okeun..
apanan meureun manehna téh urang Indonesia lin
Naha jadi ngéwa ka PSSI…  da pan kasabelasan satiap nagara mah ngan hiji hijina lain
Nya mun di urang mah PSSI téa,,.. nya mun teu ngadukung PSSI, ék ngadukung saha cik??
Di daérah onaman….. bisa dua bias tilu kasabelasan téh…
Contona di Bandung.. pan aya PERSIB, aya Bandung Raya .. pan bisa milih
Da dina tataran Indonesia mah ngan hiji hijina …P S S I….

Tapi lila-lila asa kapikir ku kuring…
Da inget kana paribasa “cari seribu alas an untuk memaklumi orang lain”
Na pikiran téh kieu…
Boa-boa éta jelema téh, matak nulis kitu gé
Bakating ku nyaah ka PSSI meureun
Naha bet kitu…???
Cek implengan kuring mah éta jelema téh..
-          Nyaho pisan kana seluk beluk PSSI… da nyaah téa
-          Nyaho pisan préstasi PSSI… da nyaah téa
-          Pokona mah nyaho pisan sagala rupa ngeunaan PSSI
Jigana éta jelema kuciwa kacida kana prestasi PSSI ayeuna..
Mun henteu kitu kuciwa na ka pangurus PSSI
Da masing nu kedalna tulisan ANTI PSSI ge, anger haténa mah nyaah kacida
Teu béda jeung jelema nu bakating ku nyaah ka kabogohna…
Tuluy kuciwa… da pastina téh kedal ucap “AKU BENCI KAMU”
 Pan mun rada diheureuykeun mah BENCI téh BEnar2 CInta téa meureun
oOo
tah …
matak urang mah kudu tengah2 …. Dina sagala rupa Ulah “TEUING”
ulah ngéwa .. “TEUING”
ulah bogoh.. “TEUING”
ulah wareg.. “TEUING”
ulah lapar.. “TEUING”
ngarah mun ninggang kana kuciwa teu malik keuheul, malik ngéwa
-sakitu-


Tidak ada komentar:

Posting Komentar