Saenyana mah asa éra ngadongéng téh..
Tapi keun wé deuh..
Da meureun kabéh gé pasti ngalaman..
Tong boro salaki jeung pamajikan..
Awéwé jeung lalaki nu keur mangsana bobogohan..
Papada sobat dalit..
Pasti kungsi ngalaman nu ngaran paséa mah
Boh leutik boh gedé
Anu penting mah kumaha sikep urang..
Mun keur kaalaman ku diri sorangan..
Pan ceuk nu pinter mah,,,
“Ambil sisi baik dari setiap kejadian yang kita alami”
Pon kitu deui paséa..
Da gening aya nu beunang di ala tina paséa téh,,..
Bari uulah ari ngahaja-haja mah kétang
Kahiji…
Sok rada remen da bibi atawa mamang kuring
Ngadongéngkeun kalakuan si abah (aki)
Mun keur dicarekan ku si ema (nini)…
Kieu cenah…
Si abah mah, lamun keur dicarékan ku ema téh da tara ieuh némbal
Estuning ngeluk tungkul
Sugan sok sakecaaap…. Da taara
Atuda kacipta, kumaha céréwédna si ema
pan kuring gé ngalaman atuh diasuh ku ema mah
wa’as bari rada miripis téa
sowanten treble satakerna, bass na ampir pareum
cempréng…. Heuheu…
hapunten ema da kitu téh panginten ema mah kanggé kasaéan urang sadaya.
Mun geus rada leler téh si ema cacarios…
Abah mah mung sakieu…
“Atos ma nyarios téh?... pami teu acan mangga lajengkeun”
Atuh teu wudu… capétang deui waé eté si ema
Kacipta… hanyakal kuring mah teu kungsi nyaksian
Kadua…
Nu kaalaman ku kuring sorangan ieu mah
Basa kuring paséa jeung sakadang jikan
Bari rada nyonto kana kalakuan si Abah téa kuring téh
jempé teu ngomong sakecap-kecap acan
estuning heueuh heueuh bueuk wéé
Murudul téh lain wadul
Murubut sagala disebut téh nyaan
Teu sirikna dibudalkeun kabéh éta eusining haté
Ditalar téh nyaan teu ngéjah-ngéjah acan jigana
Sagala codéka kuring, kakurangan kuring, katugenah manéhna
Kabéh ditataan taya nu kaliwat
oOo
kuring jadi inget kana hiji papatah heubeul
“Tanyakanlah apa kekuranganmu pada musuhmu”
Da enya atuh…
Pan saharitaeun mah meureun jikan kuring téh keur jadi musuh
jadi kuring nyaho naon waé kakurangan kuring ka jikan..
naon waé ka tugenah jikan…
jadi kuring nyaho palebah mana nu kudu dibebener téh
da lamun seug ngahaja-haja mah sina nyebutan hiji-hiji
pan can puguh kedal…
Cooba mun saruana…
Nu itu ngawakwak, nu ieu némbal..
Moal teu jadi padungdung atuh
Kadéngé ku barudak
Kadéngé ku tatanga
Piring wéh ting kalayang
Gelas pru pré moal hanteu
Pan jadi riweuh kadituna
Matak kudu aya nu ngéléhan salahsahiji
Da meureun nu ngaran ngaran ngéléhan téh apan teu kudu éléh nya…
Ah kétang… étamah pangalaman kuring wéé
Can puguh sarua jeung nu séjén
Da kuring gé jauh kénéh ti ngaran bener mah
-sakitu-