Senin, 29 Agustus 2011

Nyampurnakeun Ikhtiar


Romadhon tos nyedek ka tungtung..
hayu urang siapkeun sagala amunisi pamungkas ..
urang sami2 sampurnakeun ikhtiar..
geusan ngaheurap "LAILATUL QADR"

kuring mah asa curiga LAILATUL QADR turun peuting ieu..

hayu urang beuntakeun mata, kemplengkeun beuteung..
ngumpul ngariung jeung papada dulur di masigit..
urang i'tikaf...
urang pasrahkeun diri ka Gusti..
bersihkeun hate..
hirupkeun peuting ku ngadoa sing khusu..
keclakeun cimata..
ngeluk tungkul hareupeun mantena ..
menta dihampura sagala dosa perdosa..
menta dihampura tina sagala ka teu sampurnaan ikhtiar..

biheung urang panggih deui jeung Romadhon taun hareup..

"RAMADHAN MUBARAK, 'ASYRUL AWAAKHIR
ALLAAHUMMA INNA NAS-ALUKA RIDHOKA WAL JANNAH
WA NA'UUDZUBIKA MIN SAKHATIKA WAN NAAR
ALLAAHUMMA INNAKA 'AFUWUN KARIIM
TUHIBBUL 'AFWA WA'FU'ANNA
YA....ALLAAHU YAA... KARII.....M


Mbah Marijan


Mari berdoa untuk bangsa kita tercinta atas semua reaksi dan sabda alam yang terjadi di berbagai wilayah indonesia.

Sedikit berbagi cerita tentang mbah maridjan,,dari twitter salim a fillah seorang penulis buku asal jogja...

MbahMaridjan yang shalih, tawadhu', ahli i'tikaf, penuh pengabdian,
yang selalu sambut kami seperti cucu sendiri; namamu dalam doa ini.."

"Rak sami sugeng to wayah?" (Kumaha barudak sarèhat/red),
begitu selalu kau sambut kami dalam senyum,
Lalu kami bising di rumahmu, & kau i'tikaf di Masjid."

Kami sering merusak kebunmu untuk Outbond, Tapi kau malah tawarkan ubi,
"Nek kersa nedhi pohung njedhol piyambak nggih wayah!"" (pami hoyong nuang sampeu mah, sumangga baè kantun ngarabut,red)

Pernah juga acara besar kami di tempatmu, para ikhwan tidur di Masjid.
Dingin menusuk. Kau bangun pada pukul 03.00, tahajjud."

Sehabis Shubuh kau akrabi kami. Kau sajikan kopi, tapi kau sendiri puasa.
Dari lisanmu, butir-butir kalimat bijak mengalir."

Pendaki sering minta restumu. Kau lepas mereka naik.
Tapi nanti di atas, kau bisa mendadak muncul,
"Ampun medal mriki wayah!"" (teu kenging kadinya, ngalangkung ka dieu baè,red)

Pendaki shalih, sama sekali tak merasakan aura mistikmu,
Soal kau bisa muncul mendadak, pastilah sebab kau faham jalan & medan."

Jika kau, telah wafat, izinkan kami mengenang akhlaq indahmu, keakraban tulus, keteguhan, dan dirimu yang kadang disalahfahami."

Kami saksi, kau, sang Syuriah PCNU Cangkringan, hidup dalam iman & bukan kesyirikan, ibadahmu membuat iri, santunmu mengharukan"

Teu sangki gening… Mbah Maridjan
Simkuring nyalira rumaos nembė terang.
Da sakaterang tėh, pami disebat nami mbah Maridjan,
Nu aya dina ėmutan tėh, kuncėn, mistis, syirik, pemujaan, takhayyul
Gening meni pohara peran media mangaruhan cara berfikir urang
Salah informasi, salah persėfsi, kadituna bisa salah aksi.

oOo

Pamungkas...
Hapunten Mbah Maridjan rumaos kantos lepat sangki
Mugi salira ditampi sagala amalna
Dihapunten sagala dosa perdosana
Ditempatkeun di Sawargana Gusti
-Aamiin




Anti PSSI


Isuk –isuk kawas biasa keur jalan ka sawakeun..
Numpak meri beusi di tengah mangrébu-rébu meri nu séjén
Paheula-heula, nu itu hayang tiheula, nu ieu nyakitu deui
Pating suruntul, teu kaop hareupeun aya lolongkrang saeutik
Teu sirikna batur mah ulah tiheula…

Sabot kitu, sebrut salahsahiji meri beusi nyuruntul ka hareupeun meri kuring
Bari jeung méh ngabadug bakating ku deukeut…
Ah teu ambek teusing… da rumasa kuring gé sakapeung sok kitu kalakuan
Ngan nu jadi perhatian kuring mah lain étana…
Éta na buntut meri nu hareupeun téh aya aksara
Ngan dua kecap, jeung makè aksara badag.. “ANTI PSSI”
Haaarrr… na naon maksudna éta jelema…??
Kuring jadi euweuh gawé gera…
Sajajalan tepi ka sawahkeun jadi mikiran éta aksara
Jadi ngira2 naon anu aya dina pikiran éta jelema nu boga meri..

Heueuh rék kumaha teu ho’okeun..
apanan meureun manehna téh urang Indonesia lin
Naha jadi ngéwa ka PSSI…  da pan kasabelasan satiap nagara mah ngan hiji hijina lain
Nya mun di urang mah PSSI téa,,.. nya mun teu ngadukung PSSI, ék ngadukung saha cik??
Di daérah onaman….. bisa dua bias tilu kasabelasan téh…
Contona di Bandung.. pan aya PERSIB, aya Bandung Raya .. pan bisa milih
Da dina tataran Indonesia mah ngan hiji hijina …P S S I….

Tapi lila-lila asa kapikir ku kuring…
Da inget kana paribasa “cari seribu alas an untuk memaklumi orang lain”
Na pikiran téh kieu…
Boa-boa éta jelema téh, matak nulis kitu gé
Bakating ku nyaah ka PSSI meureun
Naha bet kitu…???
Cek implengan kuring mah éta jelema téh..
-          Nyaho pisan kana seluk beluk PSSI… da nyaah téa
-          Nyaho pisan préstasi PSSI… da nyaah téa
-          Pokona mah nyaho pisan sagala rupa ngeunaan PSSI
Jigana éta jelema kuciwa kacida kana prestasi PSSI ayeuna..
Mun henteu kitu kuciwa na ka pangurus PSSI
Da masing nu kedalna tulisan ANTI PSSI ge, anger haténa mah nyaah kacida
Teu béda jeung jelema nu bakating ku nyaah ka kabogohna…
Tuluy kuciwa… da pastina téh kedal ucap “AKU BENCI KAMU”
 Pan mun rada diheureuykeun mah BENCI téh BEnar2 CInta téa meureun
oOo
tah …
matak urang mah kudu tengah2 …. Dina sagala rupa Ulah “TEUING”
ulah ngéwa .. “TEUING”
ulah bogoh.. “TEUING”
ulah wareg.. “TEUING”
ulah lapar.. “TEUING”
ngarah mun ninggang kana kuciwa teu malik keuheul, malik ngéwa
-sakitu-


Nyanghareupan UN


Poè senèn isuk dak dèwèk nu cikal minangka èk nyanghareupan UN
Geus dua bulan katukang èta dibandungan nana tèh meni geus pakupis.
Ku TO (Try Out) tèa, ku PM (Pendalaman Materi) tèa cenah.
Rarasaan aya reueus aya degdegan ningali budak tèh.
Reueusna pedah asa katingali sumanget budak tèh dina nyanghaeupan ujian nana, teu bèda ti kuring lah baheula basa keur jaman sakola (mun teu salah).
Deg degan nana… ah kuring gè asa teu ngarti puguh, naha bet ngilu deg degan kieu. Tapi da moal ditèmbongkeun ka budak mah, bisi hèg wè kètèh ngilu geumper budak tèh.

Tѐtѐh  kadieu sakedap *ceuk kuring ka budak*
Badѐ aya pikersaeun naon apa *cek budak bari nyampeurkeun*
Ah teu nanaon tѐh, ngan bapak hayang ngadongѐng wѐѐ.
Kieu… baheula basa keur ngora bapa sok rajeun ngiluan gerak jalan atawa naѐk gunung.
Naha bet hayang ngadongѐng ѐta,? ah sugan wѐ aya pulunganeun.
kieu cenah ceuk nu palinter mah… lamun urang keur gerak jalan atawa long march atawa naѐk gunung tѐh, ulah loba teuing ningali ka hareup, titingalian ulah jauh teuing, komo palebah jalan anu ngemplong lempeng mah… naha??? Bisi seungah,  kusabab ningali sorangeun sakitu jauhna, sakitu bangana, can nanaon geus ngaleketey mantѐn kѐtѐh. Komo bari can nanaon boga rarasaan kumaha nya, kuat kitu, tepi kitu moal???… haaah… nu kitu mah tanda kumѐok mѐmѐh dipacok tѐa. Moal pitepieun. Dina tepina ogѐ iraha boa.
Kudu kumaha atuh..?? nu bener mah kudu nikreuh ngeureuyeuh, salѐngkah salѐngkah, tong gancang teuing ogѐ tong boyot teuing. InsyaAllah moal karasa, ujug2 tepi wѐh.
tong ngabayangkeun jauhna tur bangana sorangeun majar cenah pan "LIHAT SAJA SATU LANGKAH KE DEPAN" taaah kitu, tong mikiran dua atawa tilu lѐngkah ka hareup, komo jeung jauhna sorangeun mah.

Naha cing apa ngadongѐng ѐta…??
Maksud bapa amah kieu. Saru Tѐtѐh oge engkѐ dina waktuna ngerjakeun sual Ujian tѐh kudu kitu
  • Ulah seungah ku ningali jumlah sual. komo bari boga pikiran kumaha nya? angeus kitu moal? bisa kitu moal?.... sakali deui ulah. Nu bener mah nya nikreuh ngeureuyeuh tѐa. pigawѐ wѐ  sual nomer hiji,,, angeus nomer hiji, maju ka nomer dua, tuluy kitu tepi ka angeusna.
  • Tong lila teuing dina hiji sual. Mun karasa aya hiji sual nu rada hѐsѐ, mending liwat wѐ heula anan. Sugan engkѐ kasampeur deui
  • Tong poho maca Bismillah
  • Tong loba teuing anu dipikiran, konsentrasi we kana Ujian.
  • Atuh samѐmѐh ujian, teu kudu diperes teuing otak tѐh, angur mah sina istirahat si otak tѐh. Pan isukan rѐk digawѐ beurat sakadang otak tѐh. Dina diajarna ogѐ ulah beurat2 teuing. Piraku can cukup kѐnѐh 3 taun hantem diajar.
Pѐk bral Tѐh didungakeun ku Apa sing suksѐs, sing dibѐrѐ kalancaran da bapak mah moal bisa mantuan lin, ngan saukur mantuan ku dunga. Pan sagala rupa ogѐ  Tѐtѐh sorangan anu nangtukeun. Rѐk kumaha engkѐ masa depan Tѐtѐh, hayang jadi naon kѐ mun geus gedѐ. pan Tѐtѐh sorangan anu nagtukeun , lain apa.
Atuh ka dulur kuring sadaya, sakali deui neda pangdunga, mugia pun anak dipasihan kalancaraa. aamiin.
hatur nuhun sateuacana.

-cag-


Lebaran Iraha..?



Lain kumawani rèk protes…
Lain kumawani rèk nangtukeun anu geus tangtu…
Lain kumawani nganaha-naha…
Ieu mah ngan saukur kereteg hatè, kamelang rasa…
Ceuk ieu lebaran poè Salasa…
Ceuk itu lebaran poè Rebo…
Ceuk nu ieu cukup ku èlmu hisab nangtukeun 1 Syawal tèh
Ceuk nu itu kudu tepikeun ka katempo bungkeuleukan nana sakadang hilal tèh
Ceuk nu sèjèn deui kudu digabungkeun cenah èta 2 teori tèh… antara hisab jeung rukyat
Atuh kudu kumaha urang… ?
kudu kumaha rahayat anu teu ngarti kana èlmu hisab atawa rukyat..?
sabenerna da urang mah salaku rahayat teu kudu milu riweuh, cukup ku nuturkeun
nuturkeun kumaha hatè urang sorangan… atawa nuturkeun imam anu ku urang dituturkeun
bener ari ku benerna mah 1 Syawal tèh moal aya 2 kali
jeung bingung lamun dipakè bingung mah..
da atuh kumaha ari geus kieu…?
Ayeuna mah tinggal urang silih hargaan, silih ajènan ulah silih salahkeun
Kusabab duanana ogé teu samanèa dina nangtukeun kaputusan.
Apan meureun dina nyieun hiji ijtihad tèh kudu ku èlmu
Jeung duanana ogè dijaminin salamet… “masing-masing bakal salamet ku hasil ijtihadna”
Atuh sakali deui urang rèk lebaran poè Salasa beneeerr…
Rèk lebaran poè Rebo ogè teu salah, asal ulah satutur-tuturkeun nana
Anu salah mah anu teu boga pamadegan. Na nu kumaha maksudna te boga pamadegan..?
Maksud nu teu boga pamadegan tèh kieu,.. ari pamadegan lebaran tèh poè Rebo, naha poè salasa ngilu teu puasa… taaah … nu kitu nu ngaran mandeg mayong atawa lanca linci luncat mulang tèh.
Komo anu tara puasa mah, tapi dina lagu lebaran meni milu paciweuh.
Panungtung simkuring sakulawargi nyanggakeun WILUJENG BOBORAN SHIYAM 1432H
Taqobbalallohu minna wa minkum shiyamana washiyamakum. Kullu aamin wa antum bi khoir
-cag-

Wilujeng Boboran Shiyam


Teu karaos, Romadon alias sasih siam parantos lekasan. Sasasih campleng urang sami-sami ngalakonan ibadah saum. Sanès mung saukur nahan lapar sareng halabhab, nanging ogè ihtiar sangkan naon rupi anu ku urang dipilampah henteu gaplah. Hartosna, sasih shiam dianggo minangka tempat nyeuseuh diri supados ajèn inajèn diri langkung ngaronjat.

Lir ibarat anu sakola, tangtos saparantos lulus kedah langkung pinter ti sateuacanna. Upami kualitas atanapi ajèn diri urang sateuacan sasih siam mung ukur 50, tangtos sarèngsèna ngalakonan ibadah saum, kedah ngaronjat, langkung ti 50. Upami angger, komo upami janten nyirorot mah, tangtos èta tèh janten cicirèn yèn ibadah saum urang tèh gaplah, mung ukur dugi kana tahap 'nyiksa karep', nahan lapar sareng halabhab.

Kantenan kanggo anu lulus 'ujian' Romadon, dinten Boboran Shiam (Lebaran) kedah dijantenkeun momen syukuran kana sagala rupi upaya urang dina enggoning ngaronjatkeun ajèn inajèn diri sangkan janten jalmi anu salawasna ihtiar ngahontal kasampurnaan.

Dintenan Boboran Siam ogè dijantenkeun ajang ngaraketkeun silaturahim di papada urang, sakantenan silih lubarkeun tina sagala kalepatan tur kaluluputan. Dina raraga ieu pisan sim kuring nyanggakeun panglayad sakantenan ngedalkeun paneda, sih hapuntenna anu kasuhun, bilih aya cariosan simkuring anu matak nyugak kana manah,bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak mugia ulah janten rengat galih.
Kanggo panutup teu aya basa anu pang-èndahna salian ti "taqobbalallahu minna waminkun. shiyamana washiyamakum kullu aamin wa antum bi khoiir." Mugia urang sudaya kenging darajat Taqwa. Amiin ya Robbal Aalamiin.

Denis & Istri
Icha, Zahrah, Nadhifa, Indah Nurwalidah, Dini Fauziah



Jumat, 26 Agustus 2011

Maca Al-Qur'an


NGADERES TADARUS
[kinanti]

sok ras emut ka almarhum
mama kyai hutaemi
anjeuna anu ngawulang
ngaos quran sareng tajwid
kawitna mah alip bata
diejahna  hiji-hiji

maca jabar panjang kudu
lamun nyanghareupan alip
jeer nyangahreupan iya
pees mun wau pandeuri
lilana dua harokat
cenah eta mad thobi'i

lamun nu paehna enun
atawa mun baris tanwin
eta teh aya hukumna
idhar idghom ihpa pilih
nu liana teh pan iklab
mahrojna teh kudu tartil

tadarus sapoe sa juz
sore isuk reujeung peuting
kacontang waktu mun beurang
sabab tatahar keur tajil
tadarus boga hancengan
hatam memeh idul fitri

meunang sababaraha ruku
ngaliwatan tanda ain
sakapeung mah ayat sajdah
tanda waqop anu lazim
hasilna  alhamdulilllah
tiis hati mani tingtrim

geus kolot rea kaganggu
alesan mah loba geuing
kabehna oge gogoda
anu rupana mipinding
rea karesep ngaliwat
contona acara tipi

ya Allah ya robbul ghofur
sihapunten mugi gusti
dilubarkeun kalepatan
pasihan abdi taufik
hidayah tur kakiatan
ngaos quran henteu lali

---
skmi 07082010-07091432

Kamis, 25 Agustus 2011

Lalaki

[Bimbo]

Ėh lalaki èh lalaki
Jago rayu tukang tipu
Soal cinta dimumurah
Modalna cukup ku sumpah
Ėh lalaki èh lalaki
Ahli ngamumurah jangji
Lalaki pameget kènèh
Mun pasèa embung èlèh

Sapoè teu dideukeuten Lalaki kabungbulengan
Saminggu teu dipanggihan Lalaki sok kaèdanan
Sabulan awèwè cicing Lalaki sok tuluy gering
Sataun teu disampeurekun Lalaki kabur ka leuweung

Ėh lalaki èh lalaki
Sok ngajago tong kumaki
Mun kawin jadi salaki
Geus pèot mah aki-aki


Mp3





Kuring nu ayeuna lain kuring nu baheula: Indung

Kuring nu ayeuna lain kuring nu baheula: Indung

Indung

[Bimbo]

Indung tèh tunggul rahayu
Sosoca bèntangna rasa
Kanyaah saeusi jagat
Nu nyekel sawarga anak

Indung sembaheun awaking
Teu welèh ngaping ngajaring
Balumbang jalan sawarga
Indung lautan hampura

Ka indung kuring rèk munjung ka indung
Kuring nyaluuh munjung moal rèk ka gunung
Kuring rèk munjung ka indung

Ka indung kuring rèk munjung ka indung
Kuring nyaluuh munjung moal rèk ka gunung
Kuring rèk munjung ka indung

Najan diri lunta anggang
jauhna mapakan bèntang
Balik mah kuring ka indung
Da indung pangjurung laku

Ka indung kuring rèk munjung ka indung
Kuring nyaluuh munjung moal rèk ka gunung
Kuring rèk munjung ka indung

Selasa, 23 Agustus 2011

MILIH JODO


BAGJA
[asmarandana]

cenah baheula mah geulis
ka kuring rea nu hayang
teu sirikna pada ngolo
bru bro mahugi ku barang
ngarajak ulin daratang
malah nepi ka  garelut
kuring nu  bingung sorangan

bingung  ka saha nya milih
sabab euweuh nu sampurna
anu beunghar rada sombong
nu kasep hirupna susah
nu dadag gede ambekna
gagah jangkung mindeng pundung
nu bageur awak congcorang

pipilih meunang nu leuwih
kocepak meunang nu pecak
salaki meunang nu beke
tapi da soleh hatena
cinta geuning teu disangka
batina teh  meunang tujuh
da memang turunan reuay

kamari breh dina tipi
kuring teh jadi kagagas
malahan hate nyeredet
waktu mencrong hiji jalma
ditangkep dibarogodan
deudeuh beubeureuh keur buhun
jalma anu beunghar tea

beja  manehna korupsi
gedena saanu milyar
nepikeun ka jadi buron
di tewak keur pelesiran
di nagri nu jauh pisan
jalma salembur teh gujrud
kuring teh maca istigpar

geuwat nelepon salaki
bari menta dihampura
sabab kuring sering nyenghor
alatan kawaluratan
pangasilan teu nyukupan
sakapeung murukusunu
tapi salaki teh sabar

milih jodo milih rabi
rejeki diihtiaran
geuning teu bisa dibade
hasilna kuma pangeran
lamun mangsana geus datang
urang kudu muji syukur
da eta kitu takdirna


---
skmi 11082011 - 11091432

BAGEUR DITANGKEUP KACLEP DITANGKEP


DISEUPAH TIWUKEUN
[maskumambang]

tangkal tiwu dipesek nepika bersih
terus dipotongan
digayem rasana amis
ngeunah keur ubar halabhab

caina teh diseuseup nepika garing
hayoh digegelan
sakalian bari nyisig
ngosok huntu sakalian

mun geus garing seupah diutahkeun kuring
piceun ka jarian
terus nyokot hiji deui
nepi ka beuteung bungkiang

mun tutujon mangsana can kapimilik
sok satekah polah
dibelaan wani nyegik
korupsi ge dilakonan

lamun inget polah kotorna pulitik
geus pada arapal
najan uacapan sok mungkir
hate mah teu ngabohongan

mun keur butuh ditangkeup di sina linggih
tur di dama-dama
tapi munkatohyan licik
api-api teu arapal

nu kieu teh geus aya ti keur bihari
nepi ka ayeuna
lain ngan saukur ngimpi
da buktina kanyataan

alusna mah ngagayem teh maca tasbih
dicampur istigpar
hirup kumbuh loba eling
supaya urang teu mengpar

---
skmi 11082011 - 11091432

ATI-ATI KADAHARAN


ULAH NEPIKEUN KA GERING
[asmarandana]

usahakeun ulah gering
supaya jongjon ibadah
ulah nepikeun ka lungse
sanajan urang puasa
badan urang kudu kuat
jagjag da janari saur
lamun magrib geuwat buka

ditambah dahar vitamin
suplemen mun duit aya
ngan kade ulah sok odoh
dahar ulah tambarakan
komo lamun kamerkaan
beuteung teh kembung nguruwuk
pulang anting ka tampian

mun urang hayang walagri
sing ati-ati mun dahar
nu ngarana  kolesterol
gajih reujeung lelesangan
goggoreng teh ku jalantah
bejana  racun jajantung
jadi saeur urat 'darah'

balukar gering  kalingsir
carangkeul sakujur awak
suku jeung leungeun mah komo
asana jarum nurihan
dipencet kalah nambahan
nyanyautan unggal buku
rengkeng cangkeng mun rek hudang.

komo ningganga aki-aki
nini nini ge sarua
teu iwal jalmi  nu anom
kiwari  teh geus ilahar
panyakit teh beuki rea
enya ge obat ngahunyud
tapi euwueh keur meulina

alusna mah balik deui
sing loba ngadahar lalab
urang ulah sok mococo
reueus ku dahareun 'instant'
nu ngandung racun kimia
can tangtu eta teh alus
kajeun teuing barang halal

papatah mama kiyai
lamun urang arek dahar
pilih dahareun nu hade
alus jeung dijamain halal
mimitian ku bismillah
ngadunga eta jadi kawantu
urang teh ngalap barokah

---
skmi 20082011 -20091432

Minggu, 21 Agustus 2011

Jurig Ngajak Suten


Dina hiji mangsa... harita wanci sareureuh budak...
tas solat magrib mèmèh solat isya...
kuring keur ngawangkong jeung nyi iteung di tepas...
goak tèh nyi iteung ngagoak...
aya naon nyaiii...??? "ceuk kuring bari semu reuwas"
èta akang aya panangan nyologodor ti para...
tapi ngajempolan... "ceuk nyi iteung"
naha atuh meni ngagoak kitu... ???
meni ngareureuwas nyai mah...
kabeneran kuring keur rada ngahuleng harita tèh
sieun akang.... atuda meni ageung.... jabi meni lestreng kitu...
tong sieun nyaiiii kunu kitu mah... kalem wè nyi lah...
gampil nukitu mah...
sok atuh nyai ngalih calikna pengkereun akang
bilih sieun mah.... "ceuk kuring bari singkil"
yeuh kieu nyi carana mayunan nu kitu mah...
tingalikeun ku nyai..."SONG WEH KURING NGASONGKEUN CINGIR"
bari diantelkeun kana èta jempol...
naaaa ari teu kungsi lila....
dakdumadak èta leungeun nu ngajempolan tèh NGALEOS
siga aya nu metot balik deui ka para...
hèhèhè si akang mah bisaan gening ...
ceuk nyi iteung bari rada noèl ka kuring...
tapi naha kitu ning akang... nyai mah teu ngartos..???
èèèèèh ari nyai...
pan jempol mah èlèhna ku cingir lain...??
na nu tadi tèh naon ciiing....?? "ceuk kuring"
ari kitu...???"ceuk nyi iteung bari kerung"
pan nu tadi tèh sakadang joering ngajak suten...
-o-



Angkot

Kacaritakeun dina hiji angkot....
Harita kuring diuk di juru belah kénca pangtukangna...
Ah da rarasaan téh pangjauhna kuring mah turun téh da di tungtung trayék ieu angkot...
Cekés kuring nyeungeut udud...
Geleser angkot indit... bari kuring rada ngalamun..
Duka naon nu dilamunkeun (nyéta poho)..
Kenék mah kadéngé gégéréwékan ku kuring téh...
néangan panumpang jigana.. heueuh da piraku néangan endog meri mah kétang
teu kungsi lila reg eureun angkot téh...
clak aya awewe naék mawa budak leutik.. éh orok kétang...
jongjon wé kuring mah nuluykeun hanca lamunan nu tadi ..
bari jeung poho ngalamun téh nepi kamana...
can kungsi kapangih éta hanca lamunan nu tadi...
kocéak si orok téh ceurik...
teu wudu kuring rada reuwas....
tapi ah api2 wé nyumputkeun kareuwas... géngsi ti ditu namah...
jaba rada geulis éta awéwé ngora téh...
karék boga anak hiji jigana...
his ... nanaona ari ilaing ngalamun téh kamalinaan..
ceuk kuring ngagebés lamunan sorangan...
ngan nu kacida reuwasna basa éta awéwé téh melong ka kuring...
gelenyu seuri...
celengkeung nyarios... bari sowanten halimpu kawas élod
”akang punten sanés culangung, punten éta roko... tiasa dipareuman??“
”punten nya kang sakali deui.. salerena abdi mah teu nanaon, mung ieu PUN ANAK”
Halaaaaahhhh..... serrrrr ned... étaaah ....
Reuwas bari hariweusweusna kuring moal aya ...
mu..mu..muhun téh manga...
Teu antaparah deui belewer kuring ngababétkeun kuntung roko...
Nu kari satengah... kajeun ah lebar gé
Punten nya téh...(ceuk kuring)
Bari rada éra campur isin..
”wios kang... teu nanaon da” *ceuk manéhna*
Teu kungsi lila...
Kusiwel éta awéwé téh ngaluarkeun jalikénna... ék nyusuan...
Wel dilelepkeun kana sungut anakna..
Cep répéh si orok téh diwewelan mah....
Éta maké ku ngarérét orok téh ka kuring...
Duka naon maksudna..
Tapi naha kuring jadi késang badag késang lembut kieu...
Lila-lila kuring asa teu wasa nahan hayang ngomong...
Ah ngomong wé.. “gerentes kuring”
“étéh punten nya... sanés culangung téh...
Pami tiasa mah étéh teu ngenénan di dieu...
Saleresna abdi mah teu nanaon téh, mung ieu pun anak”
Ceuk kuring bari tungkul

-o-



Dok, Jikan wing torék..!!


saurang salaki ngarasa aya nu rada anéh kana réngkak paripolah pamajikanana sababara poé katukang.
Ungal dicalukan atawa ditanya rada jauh, tara némbalan.
Si salaki mikir, moal kitu jikan téh torék..??
Tuda ék kumaha teu nyangka torék, mun ditanya hiji pertanyaan, kudu sababara kali, karak némbal.
padahal teu pati jauh.ah kuring asa rada panasaran.. "gerentes si salaki" bari jig wéh manéhna indit ka Dokter, rék konsultasi jigana.."saha nu teu damang..?" .. Ceuk Dokter muka omongan..manawi ieu téh Dok, pun bojo.. Sapertos nu torékari kitu..?? Ceuk Dokter semu nu héran.unggal ditaros téh tara langsung ngawaler Dok, teu cekap sakali, kedah dua tanapi tilu kali. Nembé ngawaler.mmh... kumaha nya?? Kieu wé atuh kang. Teu kedah waka dicandak kadieu tuang istri téh. Tapi cobian heula cara ieu..kumaha Dok..?? Ceuk éta lalaki bari kerungkieu... ngarah terang tuang istri torék atawa henteu, cobian calukan tina jarak kira2 tilu meter. Pami teu némbal, rada caketan nyalukanana tina jarak 2 meter. Pami tacan némbal kénéh waé, caketan deui dugi ka jarak saméter. Taah.. Pami teu némbal kénéh waé, nembé jéntré yén tuang istri téh torék. ceuk Dokter panyang lebarsumuhun Dok, hatur nuhun kana bongbolongana. Badé dicobian ku simkuring..Isukna, si salaki ngalaksanakeun bongbolongan ti Dokter.kabeneran pamajikana ker masak di dapur.
Gorowok wéh manéhna nanya tina jarak tilu meter. Sakumaha ceuk dokter..Nyaiii.. Nuju masak naoon?Pamajikana teu nembalan.terus manehna ngadeukeutan, nepi ka kira2 dua meter.
gorowok manéhna nanya deui.Nyaiii.. Nuju masak naoon?Can némbal kénéh waé, kalah jongjon nyiksikan waluh... halah boa enya si nyai téh torék kitu.."gerentesna ". Ah aya kénéh kasempetan sakali deuiTuluy manéhna ngadeukeutan deui nepi ka jarak sameter.bari nanya deui...Nyaiii.. Nuju masak naoon?Ana celengkeung téh pamajikana némbal ayeuna mahKedahnamah nyai nu naros ka akang."kunaon akang hayoh wé naros? Pan titadi gé tos diwaler ku nyai téh. Nyai téh nuju masak waluh akang...si salaki ngajentul bari ngahuleng...haaar... saha atuh nu torékna mun kitu...
-o-


Ngangon Budak


Enya dakitu téa budak mah lain…?
Sok teupira.. dibadé-badé moal resep, ari teun meni bungah kacida.
Teupira kukucuprakan dina sawah bari jeung urut guyang meri ogé

Ceuk kuring….
Keun wé deuh sugan moal arateul barudak téh,
asal engké sina geuwat marandi maké sabun capluk
da dina arateul nagé indungna barudak téh geus boga tangelan ubar nu lumayan matih
nyéta salep cap ucing moncor téa mun teu salah mah.

Teu karasa mapay-mapay galengan téh gening geus rada jauh ti lembur
Paingan geus kaliwat kebon kacang, kebon hui, tapak gacong mah ngampar,
Dua susukan badag… ngan wahangan nu can kaliwat téh,..
Dihareup sigana kandang munding nu mang onong mah
Geus puguh deui pasukam meri mah geus balawiri titadi ogé
Paudag-udag bari parebut hakaneun bari sakapeung digebah kunu bogana.

Celengkeung si mamang komandan meri ngagorowok
“Ujaaang… hawatos éta murangkalih, tong sina garuyang kitu, bilih arateul
Hég tadi pan tilas guyang meri mamang, ongkoh itu nembé baranyat ka kotakan nu tongoh”
Muhun mang wios wang  sina ngarojay ké tah di wahangan...
Atuda di batawi mah sesah mendak nu kieu téh mang
Abdi onaman kapungkur ka’alaman kikieuan téh..

Bapaaa… itu ada kali paaa…
“ceuk budak kuring nu kadua bari semu lumpat”
Ya udah sono pada ngojay, “tembal kuring”
Horééé… ceuk opat budak kuring méh bareng
Teu lila….
Gujubar… gujubar… kucuprak.. kucuprak… kerelep… kerelep…
Teu wudu kuring gé kudu milu jibrug
Da si pangais bungsu mun ancrub sorangan mah laput
Atuuh kuring kudu ancrub bari ngakod manéhna…

Mmhh… enya ning nya …
Sakali deui sok teupira dipikir-pikir mah
Gening nu kieu patut nu matak barudak bungah, guligah naker  téh
Barebelokan, babaseuhan…
Enya wé gening ceuk jelema nu palinter parenting mah
Majar “biarkan anak melakukan apa saja, menyentuh apa saja , merasakan apa saja (asal bukan sesuatu yang berbahaya)
karna dalam kotor , dalam basah ada pembelajaran,
Biarkan anak-anak berekflorasi cenah …
nu kieu kituh berekflorasi téh..??
Alhamdulillah Gusti, simabdi dipasihan kénéh kakiatan dugi ka danget ieu
Mugia Gusti maparin simabdi kakiatan dugi ka barudak janten Hamba anu sholéh /sholéhah
Aamiin..
-o-



Mapantes Manèh


Enya pan urang mah kudu mamantes manèh
Mun hayang cicing di hiji tempat
Atawa cicing dina hiji kaayaan

Ah wang langsung wè nya kana conto.. ngarah babari kaharti.

Mun urang hayang dihormat batur,
urang tèh kudu hadè tata, hadè basa
Teu matak pikasebeleun, pikangèwaeun batur
Cindekna urang PANTES pikeun dipihormat ku batur

Mun urang hayang dipikanyaah ku batur,
Meureun urang kudu mikanyaah ka batur
Ka sahandapeun kudu nyaah
Ka saluhureun kudu hormat

Mun urang hayang diuk dina hiji jabatan,
Urang kudu ningkatkeun kamampuan diri
ningkatkeun èlmu pangaweruh
Ngarah dianggap PANTES nyicingan èta jabatan

Mun urang hayang diaku ku batur,
Urang kudu uluk salam mun rèk asup
Sopan santun wancina nyèmah
Cindekna PANTES diaku kunu boga imah

Mun awewe/lalaki hayang dipikabogoh
Kudu pikabogoheun

Oooomaaat...... sakali deui omat
Ulah tepi ka nyalahkeun batur

Mun urang
teu dihormat,  
teu pipikanyaah,
teu diangkat,
teu diaku,
teu dipikabogoh,
da mèmang urang pantes narima perlakuan èta,
da èta tèh hasil penilaian batur ka diri urang,

pan ceuk nu palinter mah gening,
“manusia punya hukum tidak tertulis terhadap orang lain
Yang kadang tidak disadari oleh siempunya,. dan itu sangat kuat
yang akan menghasilkan sikap sebagai feedbacknya”

tapi mèmang teu dileuleungit sok aya jelema
ku batur mah dihormat, dipikanyaah, diaku dulur, dipikabogoh jste
tapi sabalikna manèhanana gorèng ka batur..
teu kudu salempang kunu kitu mah,
da eukeurna kènèh..

jadi nu alus mah,
urang migawè hadè mah ulah ngadèngè kumaha ceuk batur
”mun batur gorèng ka urang, ulah dibales ku gorèng deui”
Apanan seuneu mah kudu pipareuman tèh ku cai,
Lain ku seuneu deui..

Panungtung...
Hayu babarengan memener diri urang sèwang-sèwangan
Silih du’akeun, silih benerkeun, simbeuh ku pèpèling.
Nya ieu ogè minangka pèpèling pangpangna jang diri kuring pribadi
Atuh susuganan katampi ku dulur kabèh
Kalayan ku hatè anu wening bersih
Mun aya basa anu kurang merenah, sumangga dilereskeun
 -o-



Pasèa


Saenyana mah asa éra ngadongéng téh..
Tapi keun wé deuh..
Da meureun kabéh gé pasti ngalaman..
Tong boro salaki jeung pamajikan..
Awéwé jeung lalaki nu keur mangsana bobogohan..
Papada sobat dalit..
Pasti kungsi ngalaman nu ngaran paséa mah
Boh leutik boh gedé

Anu penting mah kumaha sikep urang..
Mun keur kaalaman ku diri sorangan..

Pan ceuk nu pinter mah,,,
“Ambil sisi baik dari setiap kejadian yang kita alami”
Pon kitu deui paséa..
Da gening aya nu beunang di ala tina paséa téh,,..
Bari uulah ari ngahaja-haja mah kétang

Kahiji…
Sok rada remen da bibi atawa mamang kuring
Ngadongéngkeun kalakuan si abah (aki)
Mun keur dicarekan ku si ema (nini)…
Kieu cenah…
Si abah mah, lamun keur dicarékan ku ema téh da tara ieuh némbal
Estuning ngeluk tungkul
Sugan sok sakecaaap…. Da taara
Atuda kacipta, kumaha céréwédna si ema
pan kuring gé ngalaman atuh diasuh ku ema mah
wa’as bari rada miripis téa
sowanten treble satakerna, bass na ampir pareum
cempréng…. Heuheu…
hapunten ema da kitu téh panginten ema mah kanggé kasaéan urang sadaya.
Mun geus rada leler téh si ema cacarios…
Abah mah mung sakieu…
“Atos ma nyarios téh?... pami teu acan mangga lajengkeun”
Atuh teu wudu… capétang deui waé eté si ema
Kacipta… hanyakal kuring mah teu kungsi nyaksian

Kadua…
Nu kaalaman ku kuring sorangan ieu mah
Basa kuring paséa jeung sakadang jikan
Bari rada nyonto kana kalakuan si Abah téa kuring téh
jempé teu ngomong sakecap-kecap acan
estuning heueuh heueuh bueuk wéé
Murudul téh lain wadul
Murubut sagala disebut téh nyaan
Teu sirikna dibudalkeun kabéh éta eusining haté
Ditalar téh nyaan teu ngéjah-ngéjah acan jigana
Sagala codéka kuring, kakurangan kuring, katugenah manéhna
Kabéh ditataan taya nu kaliwat

oOo

kuring jadi inget kana hiji papatah heubeul
“Tanyakanlah apa kekuranganmu pada musuhmu”
Da enya atuh…
Pan saharitaeun mah meureun jikan kuring téh keur jadi musuh
jadi kuring nyaho naon waé kakurangan kuring ka jikan..
naon waé ka tugenah jikan…
jadi  kuring nyaho palebah mana nu kudu dibebener  téh
da lamun seug ngahaja-haja mah sina nyebutan hiji-hiji
pan can puguh kedal…

Cooba mun saruana…
Nu itu ngawakwak, nu ieu némbal..
Moal teu jadi padungdung atuh
Kadéngé ku barudak
Kadéngé ku tatanga
Piring wéh ting kalayang
Gelas pru pré moal hanteu
Pan jadi riweuh kadituna

Matak kudu aya nu ngéléhan salahsahiji
Da meureun nu ngaran ngaran ngéléhan téh apan teu kudu éléh nya…
Ah kétang… étamah pangalaman kuring wéé
Can puguh sarua jeung nu séjén
Da kuring gé jauh kénéh ti ngaran bener mah
-sakitu-