Jumat, 21 Oktober 2011

BAHRUTENG

BAHRUTENG NU JADI BALUWENG
[asmarandana]

ngadenge basa keur leutik
sanajan dedenge tarak
kolot anu eukeur ngobrol
direumbeuy kecap injeuman
nyarita soal waragad
harita mah rada bingung
na naon atuh hartina

sihoreng teh eta geuning
rarancang hiji udagan
anu disebut bahruteng
nyurupkeun dina kahayang
saluyu jeung kamampuhan
ngitung duit reujeung waktu
ngatur nu rek dipilampah

cenah aslina 'begrooting'
asalna basa walanda
basa inggrisna mah 'budget'
nu dimaksud teh anggaran
ngitung beya reujeung program
tangtu bae kudu nyurup
jeung 'dana' tur kamampuhan

--
anyar gawe  milu mikir
disangka sugan teh gampang
tapi geuning hararese
jeung rea alang ujurna
da beda jeung teorina
heug kudu nyambung nyarungsum
tapi  loba sesekelan

bahruteng beres diketik
jumlahna teh gede pisan
dirapatkeun ku inohong
usulan teh dicoretan
tapi nimbulkeun  masalah
rarancang jadi teu nyambung
kapaksa kudu dibongkar

waktuna teh ngan saeutik
sedengkeun programna rea
tapi hayang asup kabeh
supaya di kantor pusat
teu rea anu di sunat
angggaran jadi teu puguh
angkana digitik rata

anggaran turun teh leutik
asana moal nyukupan
lamun dibandingkeun 'target'
tapi dalah dikumaha
jalankeun saaya aya
sakapeung sok pabaliut
hese ngokolakeunana

beh dieuna mah make 'trick'
nyieun program teh sing rea
supaya henteu dicoret
kuring rek nelepon heula
ka batur anu di pusat
malahmandar lulus banglus
anggaran disatujuan

dina jaman anu werit
katambah goreng lingkungan
urang teh jadi kadempet
itu salah ieu salah
nu bener can tangtu meunang
mun salah diincer tangtu
hate urang gegebegan

resiko jadi pamingpin
ngahareupan pasimpangan
mun salah pilih jeung mengkol
'kapeka' bageanana
unggah ka bale watangan
karir urang jadi ancur
salian meunang wiwirang

tapi lamun urang tigin
nyekel kana bebeneran
rancingeus rea kadaek
waspada permana tingal
asana mah moal gagal
mun nasibna  henteu untung
rugi ge moal kacida

---
skmi 10102011

Undangan_05


RUKUN TETANGGA 07 RUKUN WARGA 15
KELURAHAN BEJI KECAMATAN BEJI
KOTA DEPOK
Jl. Nangka Gg. Pepaya No. 31 082112478932
No                    : 05/UND/X/2011
Perihal              : Undangan
Lampiran           : -



Kepada Yth:
Warga Rt. 07 / 15
Di tempat



Dengan Hormat

Puji syukur kita panjatkan ke hadirat Tuhan yang maha esa. Semoga kita semua diberi kelancaran dalam melakukan aktifitas sehari-hari.
Pada musyawarah yang diadakan di Mushola Nurul Iman pada tanggal 17 Oktober 2011 yang lalu, disepakati beberapa hal, diantaranya tentang kepanitiaan Qurban 1432 H, kepengurusan arisan periode yang baru, dan kerja bakti lingkungan.
Dalam hal ini pengurus Rt. 07 / 15 mengundang Bapak-bapak warga sekalin untuk hadir pada kerja bakti yang akan dilaksanakan:

Hari / Tanggal                : Minggu / 23 Oktober 2011
Waktu                           : Pkl. 08.00 - selesai
Tempat                         : Lingkungan Rt. 07/15

Demikian surat undangan ini kami sampaikan, semoga kita semua diberi kemudahan untuk menghadirinya. Dan atas perhatiannya kami haturkan banyak terima kasih.


Hormat Kami
Ketua Rt.07/15



Denis Iskandar



Senin, 03 Oktober 2011

Emut ka Mama Karom

    [Sanès Pupuh]

Sok emut ka mama karom
ngawulang matematika
kadang ngawulang PMP
da gening kirang guruna
maklum kampung bau lisung
sukuna gunung galunggung

Waktos ngawulang PMP
saur mama urang dikte
bijilkeun buku jeung pulpen
mimiti baris kahiji
celengkeung tèh tulis GARU
barudak kadon olohok

celengkleung si asep dani
can kungsi kotrèt na buku
hapunten mama yeuh abdi
teu ngartos GARU tèh naon
bari gagaro mastaka
luak lieuk ka baturna

cakakak mama gumujeng
bangun nu ngeunah kacida
bari celengkeung nyarios
pan GARU tèh Garis baRU
sok geuwat gera narulis
bisi kaburu bèl mantèn