Selasa, 08 Mei 2012

Ngojay


Barudak pating belecet.. paudag-udag.. paheula-heula. Lalumpatan tengah sawah ngaliwatan unggal galengan ka kalèrkeun...
tuluy mudun ka wahangan..  anu katelah cipada.
teu lila èta barudak nyarieun bendungan dina palebah wahangan nu teu garihal teuing ku batu, ngan aya hiji batu badag di sisi, ngahaja paragi nyèngclè, ngajleng atawa nareundeun baju jeung calana.
Batu pating kecebuk dialung-alungkeun kana bendungan, baturna nu sèjèn mendetan liang-liang antara batu make gebog jeung  jukut meunang ngahaja ngarabutan ti bèh tonggoh.
 kira-kira sajam,  geus jero bendungan tèh malahan mun si Kuswan ancrub mah pasti laput.
Geus jero kitu mah atuh nya puguh...
Gajleng.. gajleng.. Gujubar... gujubar...
Barudak Marotah.. sakapeung silih lelepkeun, silih surungkeun, komo mun ningali aya baturna nu katingali jiga asa-asa rèk ancrub mah.
Keur aranteng mandi... pok si Undang nyarita bari ngajega na luhureun batu... “yeeuuhhh urang boga duit salawè, ku urang rèk dialungkeun, saha nu meunang, jadi milikna”.. kituna tèh bari ngalungkeun duit kanu wahangan jejerona.
Atuh teu wudu... gajleng.. gajleng.. eta barudak pating garajleng... dina jero cai ogè silih tèjèh, silih lelepkeun.
Nya puuguh... duit salawè tèa jang harita mah.. cukup jang bekel sakola tilu poèeun... bisa meuli èlod, cilok, sitrun jeung kurupuk jengkol bi Juhayah... matak nyaan pahibutna tèh dina jero cai, bari teu paduli nanaon.
Sawatara kitu... si Undang singhorèng geus boga niat cèlèdèk ti bareng indit kènèh... sabot baturna pahibut parebut duit tèh manèhna mah ngumpulkeun baju jeung calana nu mèmang digarundukkeun na luhureun batu, bari tuluy belecet balik ka kidulkeun.
Ah deuh teu wasa nuluykeun kadituna mah...






Selasa, 01 Mei 2012

Maok Ceremè


Tengah poè èrèng-èrèngan..
Tengah sawah, Wètaneun sakola SD,, katingali barudak SD tiluan marakè kènèh seragam ngarincid ka wètankeun bari sakapeung kadèngè hareureuy. Jigana baralik sakola tah barudak tèh, can kungsi balik ka imah.
Teu lila reg areureun èta barudak dina palebah tangkal ceremè deukeuteun saung mang Samjali.
Sep, naèk lah manèh “ceuk si kuswan ka Asep”
Cik atuh wan, boga pipikiran, apan kuring sakitu bayuhyuhna, meureun teu semplak mah dahan ceremè ditaèkan ku urang mah, piraku dititah naèk “tèmbal si Asep”
Manèh atuh yu.. “ceuk si Kuswan deui, bari melong ka Wahyu”
 urang mah keur nyeri sukuna gè wan, apan tadi tèa tijalikeuh basa mèngbal di sakola “ceuk Wahyu”
lah aingah “si Kuswan gagaro”.. kituna tèh bari tèrèkèl kana tangkal ceremè.
Lung.. lung teu lila ceremè dialung-alungkeun ku si Kuswan ka Wahyu jeung Asep.
Sabot kitu,,
Hawar-hawar kadèngè aya nu gogorowokan ti bèh kalèr... keur naraon sia barudaaak. Kapanggih siah nyaa, maranèh nu sok maokan ceremè kami tèh, paingan ceremè tèh meni teu kari, kituna tèh bari ngamang-ngamang paneunggeul.
Sakali dua kali mah aranteng kènèh barudak tèh ngalaan ceremè, da meureun can kadèngè.
Barang geus rada deukeut... gebeg eta barudak reuwas kabina-bina, mangkaning mang Samjali tèa geus katelah galak. Atuh teu antaparah deui si Asep jeung si Wahyu mah.. lur ceremè, lur sapatu, lur kantong sakola lumpat sakalumpat lampèt ngabecir ka kidulkeun bari kungsi kènèh si Wahyu mah nyalukan si Kuswan “Waan Hampura nya, urang tiheula” waas eta si Asep anu sakitu bayuhyuhna, jeung si Wahyu anu sukuna ingkrud-ingkrudan kènèh. Tapi da untungna mang Samjali tèh gening teu tuluy ngudag maranèhna da ngadon ngarandeg handapeun tangkal ceremè bari dangah. Atuh Nya puguh si Kuswan meni rey beureum ray pias tèh nyaan, bari tuluy hing ceurik. Kira-kira kumaha tah kadituna?


Ngala Cai


Ujang... ujaang... geura ngala cai.. dimana ari ujang..? “ceuk hiji sora” tayohna hiji awèwè tengah tuwuh keur nyalukan alona bari ulak ilik ka dapur ka tepas.
Ari anu dicalukanana singhorèng keur nyumput di pipireun imah bari dodongkoan lempengeun jandèla, sakapeung nèmbal, kulaaan.. di dieu biii abdi maah bari berebet lumpat malibir ka jandèla anu. Singhorèng si Kuswan ngahaja ngalèdèk bibina.
Teu lila.. biiii.. ieu yeeuuh Aa mah di pipir... singhorèng nèng esih, bari tuluy lumpat sieuneun dikakalakeun ku lanceukna. Atuh teu wudu si Kuswan muncereng ka adina, tapi da teu wani nyarèkan da manèhna sieun kapanggih ku bibina, kalahkan tuluy ngabecir lumpat sakalumpat lampèt ka kidulkeun, basa kadèngè bibina sakali deui nyalukan. Ayeuna rada dibarengan ku semu ambek sora bibina tèh. -Hanca-