Selasa, 05 Juni 2012

Hoyong Bobos


Keur nyanghareupan kran basa tadi wudu
Can parat wudu tèh, karèk nepi kana ngumbah leungeun
Naha bet karasa ngusial meni asa geus ditungtung, lain bukurna , ngan ukur anginna..
Rèk dikaluarkeun.. èra da harita kabeneran meni keur pinuh pisan jamban paragi wudu tèh
Padahal meni asa pingagelebugeun yeuh karasana angin tèh
Kèsang badag kèsang leutik ngoprot saawak awak balas nahan angin...
Tungtungna belecet kaluar.. tuluy nyenggè di juru ... huuh..  teu sakara-kara gening geus dibudalkeun mah
Ngan èdas kudu balikan deui ngantri yeuh..


Selasa, 08 Mei 2012

Ngojay


Barudak pating belecet.. paudag-udag.. paheula-heula. Lalumpatan tengah sawah ngaliwatan unggal galengan ka kalèrkeun...
tuluy mudun ka wahangan..  anu katelah cipada.
teu lila èta barudak nyarieun bendungan dina palebah wahangan nu teu garihal teuing ku batu, ngan aya hiji batu badag di sisi, ngahaja paragi nyèngclè, ngajleng atawa nareundeun baju jeung calana.
Batu pating kecebuk dialung-alungkeun kana bendungan, baturna nu sèjèn mendetan liang-liang antara batu make gebog jeung  jukut meunang ngahaja ngarabutan ti bèh tonggoh.
 kira-kira sajam,  geus jero bendungan tèh malahan mun si Kuswan ancrub mah pasti laput.
Geus jero kitu mah atuh nya puguh...
Gajleng.. gajleng.. Gujubar... gujubar...
Barudak Marotah.. sakapeung silih lelepkeun, silih surungkeun, komo mun ningali aya baturna nu katingali jiga asa-asa rèk ancrub mah.
Keur aranteng mandi... pok si Undang nyarita bari ngajega na luhureun batu... “yeeuuhhh urang boga duit salawè, ku urang rèk dialungkeun, saha nu meunang, jadi milikna”.. kituna tèh bari ngalungkeun duit kanu wahangan jejerona.
Atuh teu wudu... gajleng.. gajleng.. eta barudak pating garajleng... dina jero cai ogè silih tèjèh, silih lelepkeun.
Nya puuguh... duit salawè tèa jang harita mah.. cukup jang bekel sakola tilu poèeun... bisa meuli èlod, cilok, sitrun jeung kurupuk jengkol bi Juhayah... matak nyaan pahibutna tèh dina jero cai, bari teu paduli nanaon.
Sawatara kitu... si Undang singhorèng geus boga niat cèlèdèk ti bareng indit kènèh... sabot baturna pahibut parebut duit tèh manèhna mah ngumpulkeun baju jeung calana nu mèmang digarundukkeun na luhureun batu, bari tuluy belecet balik ka kidulkeun.
Ah deuh teu wasa nuluykeun kadituna mah...






Selasa, 01 Mei 2012

Maok Ceremè


Tengah poè èrèng-èrèngan..
Tengah sawah, Wètaneun sakola SD,, katingali barudak SD tiluan marakè kènèh seragam ngarincid ka wètankeun bari sakapeung kadèngè hareureuy. Jigana baralik sakola tah barudak tèh, can kungsi balik ka imah.
Teu lila reg areureun èta barudak dina palebah tangkal ceremè deukeuteun saung mang Samjali.
Sep, naèk lah manèh “ceuk si kuswan ka Asep”
Cik atuh wan, boga pipikiran, apan kuring sakitu bayuhyuhna, meureun teu semplak mah dahan ceremè ditaèkan ku urang mah, piraku dititah naèk “tèmbal si Asep”
Manèh atuh yu.. “ceuk si Kuswan deui, bari melong ka Wahyu”
 urang mah keur nyeri sukuna gè wan, apan tadi tèa tijalikeuh basa mèngbal di sakola “ceuk Wahyu”
lah aingah “si Kuswan gagaro”.. kituna tèh bari tèrèkèl kana tangkal ceremè.
Lung.. lung teu lila ceremè dialung-alungkeun ku si Kuswan ka Wahyu jeung Asep.
Sabot kitu,,
Hawar-hawar kadèngè aya nu gogorowokan ti bèh kalèr... keur naraon sia barudaaak. Kapanggih siah nyaa, maranèh nu sok maokan ceremè kami tèh, paingan ceremè tèh meni teu kari, kituna tèh bari ngamang-ngamang paneunggeul.
Sakali dua kali mah aranteng kènèh barudak tèh ngalaan ceremè, da meureun can kadèngè.
Barang geus rada deukeut... gebeg eta barudak reuwas kabina-bina, mangkaning mang Samjali tèa geus katelah galak. Atuh teu antaparah deui si Asep jeung si Wahyu mah.. lur ceremè, lur sapatu, lur kantong sakola lumpat sakalumpat lampèt ngabecir ka kidulkeun bari kungsi kènèh si Wahyu mah nyalukan si Kuswan “Waan Hampura nya, urang tiheula” waas eta si Asep anu sakitu bayuhyuhna, jeung si Wahyu anu sukuna ingkrud-ingkrudan kènèh. Tapi da untungna mang Samjali tèh gening teu tuluy ngudag maranèhna da ngadon ngarandeg handapeun tangkal ceremè bari dangah. Atuh Nya puguh si Kuswan meni rey beureum ray pias tèh nyaan, bari tuluy hing ceurik. Kira-kira kumaha tah kadituna?


Ngala Cai


Ujang... ujaang... geura ngala cai.. dimana ari ujang..? “ceuk hiji sora” tayohna hiji awèwè tengah tuwuh keur nyalukan alona bari ulak ilik ka dapur ka tepas.
Ari anu dicalukanana singhorèng keur nyumput di pipireun imah bari dodongkoan lempengeun jandèla, sakapeung nèmbal, kulaaan.. di dieu biii abdi maah bari berebet lumpat malibir ka jandèla anu. Singhorèng si Kuswan ngahaja ngalèdèk bibina.
Teu lila.. biiii.. ieu yeeuuh Aa mah di pipir... singhorèng nèng esih, bari tuluy lumpat sieuneun dikakalakeun ku lanceukna. Atuh teu wudu si Kuswan muncereng ka adina, tapi da teu wani nyarèkan da manèhna sieun kapanggih ku bibina, kalahkan tuluy ngabecir lumpat sakalumpat lampèt ka kidulkeun, basa kadèngè bibina sakali deui nyalukan. Ayeuna rada dibarengan ku semu ambek sora bibina tèh. -Hanca-

Kamis, 26 April 2012

Borangan


A anteur kaluar lah, hoyong papang “ceuk neng esih ka lanceukna” harita keur wanci sareureuh budak.
Lah atuh nyalira wè nèng, aa keur ngerjakeun PR, pan biasana ogè ludeungan nèng mah.
Atulah aaa.. sieun, bongana tadi siang aa ngadongèng pikasieuneun. Majar aa kungsi ningal aya macan bodas ngalangkung ka pipireun bumina wa salsih... ènggal tuh aaa “nèng Esih bari semu ngarenghik”
Hayu atuh, ceuk lanceukna ngèlèhan bari tuluy cengkat”
Teu lila mah tuluy wè èta adi lanceuk tèh ka luar, nèng esih kebat ka bagbagan nu aya sisi balong kiduleun imahna bari teu lila kèwèwès kadèngè kiih, ari lanceukna mah ngadon cingogo dina tungtung babancik belah kidul nu mèmang paeungteung-eunteung jeung balong.
Na ari.. beretek... gedebut.. kowowong... “ adduuuuhhh”
Kunaon ari aa..? ujug-ujug lumpat, jadi wè  geubis “tayohna si kuswan lumpat tibuburanyat,
Itu nèng sisi balong belah kidul aya nu ngelemeng bodas “ceuk si Kuswan hariweuweus, bari nyekelan suku balas cikènèh labuh”
Haaarr ari aa.. itu mah si Ècin, rèrèncangan Esih, sami nuju papang, ongkoh itu dianteur ku mang Wahid.

Jumat, 20 April 2012

Serat Kanggè Kang AHer...!


Assalamu alaikum wr br
Kahatur ibu Netty  Prasetiyani
Di Bandung

Nepangkeun wasta abdi Denis Iskandar danget ieu calik di Depok
Dupi kawit abdi ti Tasikmalaya-Singaparna Kecamatan Leuwisari-Desa Linggawangi-Kampung Rawa
Yuswa                   : 38 Taun
Padamelan         : LAZ PKPU (Jakarta)

Bade wiyat sanggem kanggè ka Bapak Gubernur Jawa Barat (Bapak Ahmad Heryawan)
Hapunten teu ku sunda. Bilih kirang saè undak usuk basa abdi.

  • ·         Letak Desa Kami
Kampung kami bernama Rawa terdiri dari dua Desa yaitu Desa Linggawangi dan Linggamulya berada di kaki gunung Galunggung, karenanya Kampung kami adalah salahsatu Kampung terakhir sebelum Galunggung di sebelah Barat. Jika ditempuh dari Singaparna ke arah utara setelah Desa sariwangi.

  • ·         Gegerhanjuang
Di Kampung kami terletak sebuah situs bersejarah bernama Gegerhanjuang. Letak persisnya adalah di ujung Desa Linggamulya sebelum hutan akses menuju Galunggung . Jika ingin menuju sana sebelumnya harus melewati Desa Linggawangi dan Linggamulya. Menurut yang kami ketahui Gegerhanjuang adalah sebuah prasasti yang merupakan cikal bakal berdirinya Tasikmalaya, Situs tersebut  menunjukkan adanya peninggalan Kerajaan Galunggung. Itu pun dikuatkan dengan setiap tahun setiap ulang tahun Kota Tasikmalaya, dipastikan Bupati Tasikmalaya (Siapa pun Bupatinya) selalu mengunjungi  Gegerhanjuang. 

  • ·         Kegundahan Kami
Yang menjadi kegundahan kami , warga yang ada di desa Linggawangi dan Linggamulya (Kampung Rawa) ada dua.
Pertama. Kondisi situs Gegerhanjuang itu sendiri sekarang tidak terawat dengan baik, rumput liar dimana-mana, terlihat kumuh samasekali tak nampak seperti sebuah situs yang bernilai sejarah tinggi . ketika ditanya sang kuncen bilang hanya digaji setahun sekali sebesar Rp. 300.000 setiap hari kemerdekaan 17 Agustus dan mungkin dirapihkan dibersihkan jika Bapak Bupati akan berkunjung saja.
Kedua. Kondisi jalan menuju prasasti Gegerhanjuang yang sudah lama rusak parah (persisnya setelah Desa Sariwangi belok ke sebelah Utara). Padahal  jalan sebelum belok mengarah ke Desa kami itu dalam keadaan baik. Terusterang  kami warga Kampung Rawa merasa kampung kami seolah dianaktirikan, padahal sekali  lagi di desa kami terletak prasasti yang menjadi cikal bakal berdirinya Tasikmalaya.

  • ·         Harapan Kami
Entah siapa yang salah atau dimana letak salahnya keadaan kampung kami seperti itu. Tapi terlepas dari itu semua kami warga kampung Rawa (Desa Linggawangi & Linggamulya) mengharap pada pihak yang berwenang yang mempunyai  kekuasaan khususnya Bapak Ahmad Heryawan selaku Gubernur Jawa Barat sudi kiranya memperhatikan kondisi Gegerhanjuang dan kampung kami tercinta.

  • ·         Penutup
Demikian harapan saya khususnya, umumnya harapan warga Kampung Rawa baik yang ada di Rawa sendiri maupun yang ada di perantauan seperti saya sangat mengharapkan adanya perbaikan pada kampung kami. Sekian terima kasih.


Jumat, 13 April 2012

GALUNGGUNG – DING DING ARI


Ieu mah lain dongèng,
ngan ieu mah carita nini kuring baheula keur leutik ngeunaan Galunggung
sakumaha ku urang dimafhum yèn di kalèreun urang tèh ngajega gunung Galunggung
nu kungsi bitu baheula taun 82 cenah mah pohara gedè bituna Galunggung tèh
da bèjana lebuna tèh nepi ka nagari deungeun ogè.
geus puguh deui karuksakan nu aya di urang mah.
Ongkoh gening di Tasik bèh wètan mah lembur tèh bèak rata jadi lautan keusik
Lamun urang ngaliwat rèk ulin ka kawah apan satungtung deuleu keusik lahar ngampar.
Èta Galunggung,..!!
anu tong boro urang lembur, sanajan lain urang lembur ogè tangtu nyaho..
aya hiji deui sabenerna mah gunung tèh ...
Anu arang langka apal urang lembur ogè.
Ngarana gunung Dingding ari.
Dingding ari tèh ayana hareupeun Galunggung.
Lempeng jeung lembur kuring mah... Leuwisari - Singaparna
Ngan nu rada ahèng tèh kieu..
Ieuh ujang ... èta gunung matak dingaranan dingding ari ogè lain samanèa “ceuk Ema”
Ari kitu...? “ceuk kuring”
Aya hartina tatèh ujang.. Dingding ari tèh hartina ngadingding sugan kari.
Enya maksudna mah ngajega didinya, susuganan aya mangpaatna.
Apan dienyana.. gening basa Galunggung bitu mah karasa pisan dingding ari tèh mangpaatna keur lembur urang hususna, atuh meureun umuna jang lembur Tasik bèh kulon
Pan ku ayana dingding ari, si lahar tèh kahalangan teu kawas ka Tasik bèh wètan.
Jadi lembur urang mah teu jadi lautan keusik.
Cindekna mah ku ayana dingding ari tèh lembur urang salamet tina lahar panas.
Enya ari ka wahangan mah aya ngagulidag caah tèh, ngan eta ge da lahar tiis.
Aèh kètang, da sagala ciptaan Gusti Alloh mah moal aya nu teu mangpaat lain..?

-cag-

Kamis, 22 Maret 2012

Kiripik cap SEUHAH"


Keripik singkong pedas cap "SEUHAH"
terbuat dari singkong asli
tanpa pewarna buatan, tanpa bahan pengawet atau bahan2 yang berbahaya bagi kesehatan
rasanya rame... pedas plus sedikit manis
hanya satu kelemahannya.. dia tidak tahan lama "paling lama bertahan 10 hari saja"
tersedia dalam berbagai kemasan
- eceran Rp. 1.000,-
- eceran Rp. 2.000,-
- perbungkus Rp.  5.000,-
- perbungkus  Rp. 10.000,-

pemesanan bisa sms ke nomer 02185391235 atau 081310648295
atau kirim pesan inbox di FB: http://www.facebook.com/denis.iskandar

pengiriman dalam kota Depok disesuaikan, khusus wilayah kecamatan Beji bebas ongkos kirim
pengiriman luar kota Depok lewat TIKI atau kantor Pos
ongkos kirim ditanggung pembeli

pembayaran luar kota Depok transfer ke nomer rek. 0149107329 bank Muamalat an. Denis Iskandar
setelah uang masuk, baru barang kami kirim.

wassalam

Kamis, 08 Maret 2012

KOBOY KOLOT


Hèy koboy kolot nyisiran di tengah jalan
Hèy koboy kolot leumpang entong hèhèotan
Hèy koboy kolot gayana siga bujangan
Hèy koboy kolot di imah budak nungguan

Calana cutbray ngagobèr nyapuan jalan
Mangsana lotbray teu inget enggeus huisan
Nyemprung ngadudud tumpak motor babalapan
Motorna butut  tumpakna eundeuk eundeukan [2x]

Hèy koboy kolot tong gumasèp tengah jalan
Hèy koboy kolot siga monyèt eukeur dangdan
Hèy koboy kolot  Gayana siga bujangan
Hèy koboy kolot  Di imah budak nungguan

Calana cutbray ngagobèr nyapuan jalan
Mangsana lotbray teu inget enggeus huisan
Nyemprung ngadudud tumpak motor babalapan
Motorna butut  tumpakna eundek eundeukan

Hèy koboy kolot nyisiran di tengah jalan
Hèy koboy kolot leumpang entong hèhèotan
Hèy koboy kolot tong gumasèp tengah jalan
Hèy koboy kolot siga monyèt eukeur dangdan

Jumat, 20 Januari 2012

Undangan

RUKUN TETANGGA 07 RUKUN WARGA 15
KELURAHAN BEJI KECAMATAN BEJI
KOTA DEPOK
Jl. Nangka Gg. Pepaya No. 31 082112478932No                    : 06/UND/X/2011
Perihal              : Pemberitahuan
Lampiran           : -

Selasa, 03 Januari 2012

èè


Nyaan kapok dèkah... moal sakali kali deui ngajak bareng mandi ka budak
ah da kamari mah kapaksa wèèè ètagè..
kuring keur mandi, si bungsu nu umur 2 taun totojèr kana panto kamar mandi bari gagarawakan "cenah teu kuat hayang ngi*ing”
atuh kapaksa wè ku kuring dititah asup, bari tuluy sina nagog hareupeun bari kuring mah jongjon neruskeun mandi,  rèk dianduk heula kumaha, da kapalang keur disabun. Barinagè ah keun baè da leutik kènèh ieuh, can ngarti nanaon.
Ari teu lila celengkeung tèh si nèng yarita kieu bari keur bebeten ogè...
“Bapa,, gening bapa mah kaluar èè na ti payun, pan adè mah ti pengker..?”
Itu gera budak...?!?!?!
Cing ,,, kira-kira kudu kumaha tah ngajawabna..?