Nyaan kapok dèkah...
moal sakali kali deui ngajak bareng mandi ka budak
ah da kamari mah
kapaksa wèèè ètagè..
kuring keur mandi, si
bungsu nu umur 2 taun totojèr kana panto kamar mandi bari gagarawakan
"cenah teu kuat hayang ngi*ing”
atuh kapaksa wè ku
kuring dititah asup, bari tuluy sina nagog hareupeun bari kuring mah jongjon
neruskeun mandi, rèk dianduk heula
kumaha, da kapalang keur disabun. Barinagè ah keun baè da leutik kènèh ieuh,
can ngarti nanaon.
Ari teu lila
celengkeung tèh si nèng yarita kieu bari keur bebeten ogè...
“Bapa,, gening bapa mah
kaluar èè na ti payun, pan adè mah ti pengker..?”
Itu gera budak...?!?!?!
Cing ,,, kira-kira kudu
kumaha tah ngajawabna..?



Tidak ada komentar:
Posting Komentar