Selasa, 01 Mei 2012

Maok Ceremè


Tengah poè èrèng-èrèngan..
Tengah sawah, Wètaneun sakola SD,, katingali barudak SD tiluan marakè kènèh seragam ngarincid ka wètankeun bari sakapeung kadèngè hareureuy. Jigana baralik sakola tah barudak tèh, can kungsi balik ka imah.
Teu lila reg areureun èta barudak dina palebah tangkal ceremè deukeuteun saung mang Samjali.
Sep, naèk lah manèh “ceuk si kuswan ka Asep”
Cik atuh wan, boga pipikiran, apan kuring sakitu bayuhyuhna, meureun teu semplak mah dahan ceremè ditaèkan ku urang mah, piraku dititah naèk “tèmbal si Asep”
Manèh atuh yu.. “ceuk si Kuswan deui, bari melong ka Wahyu”
 urang mah keur nyeri sukuna gè wan, apan tadi tèa tijalikeuh basa mèngbal di sakola “ceuk Wahyu”
lah aingah “si Kuswan gagaro”.. kituna tèh bari tèrèkèl kana tangkal ceremè.
Lung.. lung teu lila ceremè dialung-alungkeun ku si Kuswan ka Wahyu jeung Asep.
Sabot kitu,,
Hawar-hawar kadèngè aya nu gogorowokan ti bèh kalèr... keur naraon sia barudaaak. Kapanggih siah nyaa, maranèh nu sok maokan ceremè kami tèh, paingan ceremè tèh meni teu kari, kituna tèh bari ngamang-ngamang paneunggeul.
Sakali dua kali mah aranteng kènèh barudak tèh ngalaan ceremè, da meureun can kadèngè.
Barang geus rada deukeut... gebeg eta barudak reuwas kabina-bina, mangkaning mang Samjali tèa geus katelah galak. Atuh teu antaparah deui si Asep jeung si Wahyu mah.. lur ceremè, lur sapatu, lur kantong sakola lumpat sakalumpat lampèt ngabecir ka kidulkeun bari kungsi kènèh si Wahyu mah nyalukan si Kuswan “Waan Hampura nya, urang tiheula” waas eta si Asep anu sakitu bayuhyuhna, jeung si Wahyu anu sukuna ingkrud-ingkrudan kènèh. Tapi da untungna mang Samjali tèh gening teu tuluy ngudag maranèhna da ngadon ngarandeg handapeun tangkal ceremè bari dangah. Atuh Nya puguh si Kuswan meni rey beureum ray pias tèh nyaan, bari tuluy hing ceurik. Kira-kira kumaha tah kadituna?


Tidak ada komentar:

Posting Komentar