Kacaritakeun ku si Bi Onėng...
Nyėta nyaritakeun budakna nu ngaran si Daffa..
Budak keur meujeuhna lenger tur badeurna bėakeun ku sorangan...
Ah na kituna mah meujeuhna wė
Da budak ditingalkeun ku bapa keur dina jero beuteung kėnėh
Diasuh deuih ku nini jeung akina di lembur...
Jadi kurang katalingakeun ku kolot..
Kieu caritana mah..
Basa keur diajar di kelas
Diajar nulis latėn ku bu Qodar cenah...
Eta si Daffa ngeluk bari caribakdak...
Enya da teu bisa tėa meureun...
Pok bu Qodar bari leuleuy keudeu: “Ujaang... ėnggal serat tah aksara latėn tėh!”
Gideug budak tėh... bari teu sirikna beuki antel ėta gado kana dada
Cipanon mah geus puguh deui...
Keur kitu mah teu siga budak badeurna tėh....
Siga bueuk meunang mabuk tėh nyaan..
Tepi ka dua kali ėta bu Qodar nanya kituna tėh...
Jawaban nana anger... cirambay bari ngeluk tungkul
Kumaha carana ngarah ieu budak ngarah daėk nėmbal ”ceuk pikiran bu Qodar tėh"
Teu lila...
Ujaaang... ari ujang tos emaam??
ATOOOS buuu.. bari geuwat cengkat melong ka bu Qodar...
Sareng naon ujaang...??
Bala-bala WUNGKUUL... *melong ka guruna*
Bari biwir kurawed, bangkenu, jamedud..
Taaah... gening nembal budak teh nya ditanya dahar mah...
Na ari ujang asa ku badis ting jenatna bapa maneh

Tidak ada komentar:
Posting Komentar