Mun teu salah harita malem Juma’ah..
Biasa pan mun malem Juma’ah mah ngaji tèh bagèan muhadoroh..
Diajar pidato sakali sèwang tèa..
Nu ngapingna kabeneran mang Alit harita tèh..
Heuheu... jadi inget ka mang Alit...
enya mang Dedi atuh mang Alit tèh
atuda kumaha da lain culangung nyebut kitu tèh
da sarèrèa gè kitu, nyebut tèh...
katurug2 jinisna gè narima deuih..
malah asa jadi landian kanyaah keur manèhna mah..
da sigana jarang nu apaleun ngaran asli mang Alit tèh
da dienyana...
apanan harita gè jeung kuring sapantar... malah jangkung kuring
padahal harita kuring kelas genep SD
nga èdas ku rajinna mang Alit mah
ka unggal pangajian...
teu sirikna jauh dijugjug anggang ditèang tèh nyaan
aèh naha bet jadi ngadongèngkeun mang Alit ieu tèh
pan tadi tèh keur nyaritakeun muhadoroh tèa lin..
kieu caritana mah...
bakat ku embung kabagèan diajar pidato harita..
leng kuring mikir kumaha carana...
ting....!!!
aya ideu euy..!!!
mang Alit... permios heula sakedap abi hoyong ka jamban...”Ceuk kuring*
kunaon jang..??? ”ceuk Mang Alit”
teu kiat mang... ”ceuk kuring bari api2 nyekelan beuteung”
enya atuh jug... tapi tong lami teuing nya...
mangga...”tèmbal kuring”
beretek wè kuring semu lumpat ka luar, da ngarah jiga enya nyeri beuteung..
geus di luar....
culang cileung luak lieuk...
hhhmmm... manaaa nya senal mang Alit tèh...
da senal mang Alit mah wing apal
warna biru merk Lily.. anu mun dipakè keur hujan matak leueur tèa..
taaaah gening kapangiiih...
ieu .. katindihan ku senal si Idad
giru wè ku kuring dicokot..
rap kuring makè senal nu sorangan..
beretek wè ngabecir ka kulonkeun...
èk naon ciiing...??
heuheu.. heueuh .. pan di kulon tèh imahna mang Alit,, anu deukeut sakola MI
tepi ka hareupeun imahna,
lung wè si senal dialungkeun meneran dina babancikna
geus kitu mah... malik deui wè ka wètankeun
bari rada culang cileung... da enya rumasa salah
teupati gancang leumpang tèh..
da ngarah pas tepi ka masigit, pas engeusan muhadoroh...
enya wèè...pas tepi pas celengkeung si Idad adan Isya..
tuluy wè berjama’ah...
geus bèrès jama’ah isya mah, belecet kuring mah pangheulana
lèkum lèkum lèos tèa.. da sieun mun kapangih mah
ah deuh teuwasa ngabayangkeun kumaha kokotètèngan nana mang Alit nèangan senal..

Tidak ada komentar:
Posting Komentar