Minggu, 21 Agustus 2011

Panggih Jeung Sesemplèkan


Harita poè katilu di lembur..
teu kahaja harita kuring papanggih jeung si Neni,..
 nyaèta balad baheula keur leutik ngaji di masigit mang Tabi’in

heuheu.. asa kawènèhan, mang taun-taun teu panggih jeung jelema ieu.
Nèèèn …. Timana..?? ceuk kuring rada ngagorowok, da di sebrang jalan si Neni tèh.
Saha… ?? ceuk manèhna rada kerung bari napelkeun dampal leungeun kana halis (silo jigana)
Teu kungsi lila… ieeeuuung,.. nyanèh tatèèèh… ?!?
Bedul siah mang alam-alam teu papanggih jeung nyanèh
Kadieu atuuh, ceuk manèhna bari ngagupayan.
Kadituna mah tuluy wè ngagorolang babaca’an, sagala ditata’an, sagala ditanyakeun
(cicing dimana, bati sabaraha, gawè dimana / lah nu kararitu wè pokona mah)
Da gening si Neni mah ti baheula teu robah
Teu kaop ditakol… urang mah sakecap, manèhna mah geus sapuluh kecap
Teu sirikna batur mah ulang ngomong wèh.

Lumayan geus rada lila ngobrol tèh, pok tèh si Neni ngomong kieu..
“ieuh siah sesemplèkan nyanèh (enya si Neng Tini) ogè keur aya di lembur da.
Pan kuring tadi panggih jeung manèhna di acara pertemuan kulawarga (Banian)
Ari kitu,,.. ?? ceuk kuring api-api nanya, padahal hatè mah curinghak .atoh kacida
Enya bisi wèè nyaneh hayang panggih. Da jarang balik si èta mah pan. Meungpeung ker aya.
Ah èra... “ceuk kuring”
Pan ku kuring dianteur... ”ceuk Neni” ah siah sok api-api ... Neni rada mureleng
Nyaan... ??  hayu atuh.... ”ceuk kuring” bari metot Neni ka kidulkeun

Teu lila kebat kuring jeung Neni  ngajugjug Imah pa Ayub... enya kolot sesemplèkan tèa
Teu lila gè ges tepi da teu pati jauh. Keur mah ungal poe gè kaliwatan.
Ngan pèdah teu asup wungkul ka gangna...
Mun ngaliwat cukup ku ngalieuk, bari jeung rada nyeblak

Bareng jol, sup wèh Neni mah ka imahna... da keur mah dulurna si Neni mah
Ari kuring mah ngajanteng wè di harep... bari rada teu paruguh
Untung teu lila celengkeung ti imah nu sabeulah aya nu ngageroan kuring
iieeeuuung siaaah.... manèèèh keur naon didinyaaaa....
Hayooooo... mangihan popotongan nyaaaa... apal lah..”ceuk eta sora”
Euleeuuh... si nyai... nyi Neli èta tèh... kuring gè rada reuwas papangih jeung si èta
Nya si ieu pisan baheula comblang kuring jeung Nyi Tini tèh
Kahiji imahna deukeut, dulurna ongkoh, balad ngaji,... pokona mah pas wè...

Jeung saha..?? ceuk manèhna
Jeung Neni... itu tuluy si Neni mah ka jerokeun
Kadieu atuh ka jero heula...
Sup wè kuring tèh ka teun Ny Neli heula...
Bari da hatè mah geus diteun popotongan ogè

Kocap kacarita ... teu lila kuring teun si Nyi Neli
Ditèang ku Neni ... hayu atuh, kalahka di dieu gening, didagoan tuh
Hayu ... ceuk kuring bari cengkat. Tuluy ngalèngkah ka teun popotongan... da bener2 ngan salèngkah
Jarak antara imah Nyi Neli jeung popotongan tèh

Tapi naha harita suku kuring asa teu napak...
Ongkoh hayang giru tepi, tapi bari rerengkogan
Barang sup tèh ... gebeg.... seeeerrrrrr.... neeeddddd... seblaaakkk....
Duka kumaha tah harita beubeungetan kuring... duka pias, duka beureum
Nyampak tèh kumplit gening...manèhna, indungna, bapa’na, adina, lanceukna
Tuluy wè kuring uplek ngobrol... da puguh ti baheula gè geus loma  jeung kulawarga mitoha burung tèh
Bari rèt deui rèt deui ka popotongan...
Bari na jero hatè mah.. iraha ieu jelema nyaringkahna nya...
geus puguh kuring tèh hayang ngobrol dua’an
teu kungsi lila... gèrèwèk kadèngè ti dapur budakna nu leutik ceurik
lèos wè manèhna ka dapur... kuring mah tuluy kebat ngobrol jeung nu aya
bari mata mah rèt deui rèt deui ka dapur... pikiran kamana nya si Nyai tèh
teu karasa waktu nyèrèlèk ampur magrib.. geus lagu balik
si Nyai can kènèh katèmbong...
mmmh nyaan lapur... pangih pangih deui basa pamitan rèk balik..
nasiiib... nasiiib...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar