Poè senèn isuk dak dèwèk nu cikal minangka èk nyanghareupan UN
Geus dua bulan katukang èta dibandungan nana tèh meni geus pakupis.
Ku TO (Try Out) tèa, ku PM (Pendalaman Materi) tèa cenah.
Rarasaan aya reueus aya degdegan ningali budak tèh.
Reueusna pedah asa katingali sumanget budak tèh dina nyanghaeupan ujian nana, teu bèda ti kuring lah baheula basa keur jaman sakola (mun teu salah).
Deg degan nana… ah kuring gè asa teu ngarti puguh, naha bet ngilu deg degan kieu. Tapi da moal ditèmbongkeun ka budak mah, bisi hèg wè kètèh ngilu geumper budak tèh.
Tѐtѐh kadieu sakedap *ceuk kuring ka budak*
Badѐ aya pikersaeun naon apa *cek budak bari nyampeurkeun*
Ah teu nanaon tѐh, ngan bapak hayang ngadongѐng wѐѐ.
Kieu… baheula basa keur ngora bapa sok rajeun ngiluan gerak jalan atawa naѐk gunung.
Naha bet hayang ngadongѐng ѐta,? ah sugan wѐ aya pulunganeun.
kieu cenah ceuk nu palinter mah… lamun urang keur gerak jalan atawa long march atawa naѐk gunung tѐh, ulah loba teuing ningali ka hareup, titingalian ulah jauh teuing, komo palebah jalan anu ngemplong lempeng mah… naha??? Bisi seungah, kusabab ningali sorangeun sakitu jauhna, sakitu bangana, can nanaon geus ngaleketey mantѐn kѐtѐh. Komo bari can nanaon boga rarasaan kumaha nya, kuat kitu, tepi kitu moal???… haaah… nu kitu mah tanda kumѐok mѐmѐh dipacok tѐa. Moal pitepieun. Dina tepina ogѐ iraha boa.
Kudu kumaha atuh..?? nu bener mah kudu nikreuh ngeureuyeuh, salѐngkah salѐngkah, tong gancang teuing ogѐ tong boyot teuing. InsyaAllah moal karasa, ujug2 tepi wѐh.
tong ngabayangkeun jauhna tur bangana sorangeun majar cenah pan "LIHAT SAJA SATU LANGKAH KE DEPAN" taaah kitu, tong mikiran dua atawa tilu lѐngkah ka hareup, komo jeung jauhna sorangeun mah.
Naha cing apa ngadongѐng ѐta…??
Maksud bapa amah kieu. Saru Tѐtѐh oge engkѐ dina waktuna ngerjakeun sual Ujian tѐh kudu kitu
- Ulah seungah ku ningali jumlah sual. komo bari boga pikiran kumaha nya? angeus kitu moal? bisa kitu moal?.... sakali deui ulah. Nu bener mah nya nikreuh ngeureuyeuh tѐa. pigawѐ wѐ sual nomer hiji,,, angeus nomer hiji, maju ka nomer dua, tuluy kitu tepi ka angeusna.
- Tong lila teuing dina hiji sual. Mun karasa aya hiji sual nu rada hѐsѐ, mending liwat wѐ heula anan. Sugan engkѐ kasampeur deui
- Tong poho maca Bismillah
- Tong loba teuing anu dipikiran, konsentrasi we kana Ujian.
- Atuh samѐmѐh ujian, teu kudu diperes teuing otak tѐh, angur mah sina istirahat si otak tѐh. Pan isukan rѐk digawѐ beurat sakadang otak tѐh. Dina diajarna ogѐ ulah beurat2 teuing. Piraku can cukup kѐnѐh 3 taun hantem diajar.
Pѐk bral Tѐh didungakeun ku Apa sing suksѐs, sing dibѐrѐ kalancaran da bapak mah moal bisa mantuan lin, ngan saukur mantuan ku dunga. Pan sagala rupa ogѐ Tѐtѐh sorangan anu nangtukeun. Rѐk kumaha engkѐ masa depan Tѐtѐh, hayang jadi naon kѐ mun geus gedѐ. pan Tѐtѐh sorangan anu nagtukeun , lain apa.
Atuh ka dulur kuring sadaya, sakali deui neda pangdunga, mugia pun anak dipasihan kalancaraa. aamiin.
hatur nuhun sateuacana.
-cag-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar