Minggu, 21 Agustus 2011

Manggih Gula..!?!


Sababaraha taun katukang..
Harita anyaran keneh tas lebaran…
Teu leuwih ti tanggal lima syawal..
Da kuring gé harita téh di lembur kénéh, can mulang deui ka Batawi.

Bapa kuring sa adi lanceuk..
Cenah rék niat nyukcruk dulur nu lila teu patepung..
neang baraya nu lila paanggang..
teu kurang ti Bapa kuring, mamang, uwa istri, bibi wéh duaan..
jadi limaan, genep jeung supir..

mmmhh… asa reueus ningali kolot nu arang langka ngumpul..
apan geus boga kahirupan séwing-séwangan téa atuh..
saharitaeun mah asa poho wééé meureun ka anak incu téh..
da basa kuring niat rék milu ogé pan dicarék…
majar cenah,, “is… cicing budak mah tong pipilueun, ké wé déngékeun dongéngna” … kituuh

da meni ku layeut atuh…
garogonjakan, silih lédék, silih kaléng, bari saleuseurian..
asa jaradi budak deui wéé meureun nya..

Kacaritakeun mah geus indit wéh..
Nu rék dituju téh nyéta ka cikijing, kuningan kitu mun teu salah mah..
Da cenah teu jauh ti Waduk Darma téh..
Ari kira-kira lagu asar geus kurunyung deui  rombongan téh
Atuh saanak incu mah ronghok na hareupeun panto..

Barang datang téh ngadon saleuseurian…
Siga nu poho kacape, poho yén awak luut léét kénéh késang
Da jiga nu meni ngarareunaheun sareuri téh..
Bari si mamang ngasongkeun bungkusan ka kuring,,
buleud panyang dibungkus ku dun kalapa garing..
siga bungkusan ganduan gula beureum ieu mah gening mang…*ceuk kuring*
heueuh,,, pék buka *ceuk si mamang*,,
bari teu eureun-eureun babarakatakan bari nyekelan beuteung..
atuh nu séjen nyakitu deui,,, bari nyalanghunjar di tengah imah
ari kuring jeung sakumna nu aya di imah wé pokona mah
arolohok,,, naon sih saleuseurian teu pupuguh,, naon nu pikaseurieun..??

ah teu ngarti… naon sih mang?? Ajakan seuri atuh lah… *ceuk kuring*
Kieu ..*ceuk si mamang*… kuring tuluy sila rek ngadéngékeun, da bisi aya nu kaliwat.

Tadi basa jalan balik ti teun dulur téa, can jaaauuh..
Da jalan gé masing geus aspal, tapi geus loba nu lalegok..
Di nu rada sepi jalan téh,, mobil maju leuleumeuyeu, da jalan na garékgok…
Ana celengkeung téh uwa manéh,,,, heup.. heup.. heup.. eureun heula..
Naaoon… ceuk saréréa méh bareng…
Itu aya bungkusan… jiga gula….
Cokot jig cokot… éh tapi luak lieuk heula.. bisi aya batur.. éra… *ceuk si uwa bari hariweusweus*
Encéng..giru turun !! meungpeung keur euweuh batur
Embung ah.. nanahaon nu kitu patut.. éta wé tah ku kang Dede.. *témbal si mamang*
His .. silaing mah ka lanceuk téh. Geus geuwat kaituh turun *bari anger luak lieuk*
Tungtungna mah jut wé mamang téh turun bari rada dedepongan jeung luak lieuk
Kedewek wé bungkusan téh dicokot meni rikat..
Berebet semu lumpat balik deui kana mobil, bari hariweusweus… giru maju giru maju
Eta si uwa mah meni teu sabaran gera…
Encéng geuwat buka gula téh...
moal teu alus gera. gula cikijing mah da katelah alus cenah *ceuk si uwa nyanyahoanan*
enya heug.. bekéhkeun we nya wungkul.. ké bukana mah di imah..
heueuh sok giru..*ceuk si uwa jeung nu séjén siga nu teu salabar*

Ana dibukakeun téh.. béréwék.. goréhél… huahahahah.. huahahahah
Naon siah kelencéng… kalahka babarakatakan…
Yeuh pék tah nyi (uwa istri Nyai téh) buka ku olangan…hahahah *bari ngasongkeun bungkusan*
Ana garawak téh.. jadoooolll siah gééééloooo… katipuuuuu
Hanas meni rénghap ranjug nyokotna mah.. geningan gebooog cauuuu
Juurrriiiig siaah… hahahahahah
Jigana tidinya éta samobil teu eureun saleuseurian parat tepi ka imah.., beunang katipéng ku gebog

Ari kuring mah waas ka jelema nu neundeun na wéé
Da moal salah pasti aya nu ngahaja neundeun atuh
Waas ting irihil, ting barakatak meureun
Bakat ku sugema eupanna aya nu nyangut
Bari jeung keketeyepan nu nyokotna téh..
Waas wéé meureun manehanana mah ningalikeun ti kajauhan

atuh gerrr..gerrr saeusi imah ramé garogonjakan
kadituna mah kebat ngadongéngkeun dulur nu didatangan téa
parat tepi ka datangna Maghrib.

oOo

Tah kitu da nya …
Matak jadi jelema mah tong teuing haripeut ku teuteureuyeun
Masing ati ati..
Da nu tara ati-ati téh gening babari di tipu ku batur ..??


Tidak ada komentar:

Posting Komentar