Minggu, 21 Agustus 2011

Ngaran...!!!


“Apalah artinya sebuah nama”
Haaarrr…. Meni lalawora èta jelema nu ngomong kitu

Nya puguh wè atuh ngandung harti ngaran mah
Tong waka jauh heula gera...
Sok wè bayangkeun mun dina hiji riungan
Atuda ripuh silih geroan tèh meureun

Hèy nu keur ngajogo...
Hèy nu baju beureum...
Hèy nu udud waè... da moal hiji nu udu tèh meureun
Komo mun ngageroan ...
Hèy nu gigireun nu udud... haaag ciah
Hèy nu geulis... pan pastinage ngalieuk kabèh.. da rumasa
Hèy nu gorèng... pipasèaeun tamah

Atawa kieu...
Mun urang ngobrol jeung papada balad wè gera..
Ieuh lur.. ilaing wawuh teu jeung si ANU baladna si ETA
Pok tèh ceuk baturna... ”numaana?”
Èta gening nu urang parigi tèa, anu pitak sabeulah
Baladna kerung...
Hiiih... èta niiing nu baheula sok jeblèh waè mun keur sakola
Halah riweuh wè kadituna mah...
Pan can nanaon gè geus beak waktu tèh
Ku ngajèntrèkeun jelema

Padahal pan tong boro jelema
Apan hiji produk ogè kudu ari dingaranan mah
Ceuk nu palinter mah branding tèa meureun nya
Komo deui atuh jelema
Mahluk nu hirup
Nu kudu interaksi papada jelema deui

Èta karèk tina silih sebut..
Komo mun merhatoskeun pidawuh kangjeng Rosul mah
Apan kawajiban kolot sagubragna budak ka alam dunya tèh
Mèrè ngaran nu hadè cenah
Taaah aya èmbèl-èmbèl nu hadè pan..
Sabab ngaran tèh du’a, pangharepan, kahayang
Hayang jadi naon tah budak tèh...
Da gening saburaong-buraong na kolot
Anger wèè budakna mah hayang jadi jelema bener

Matak kudu dimimitian ku mèrè ngaran nu hadè.

Atuh conto meureun...
Kolot nu mèrè ngaran budakna ”Nurjannah”
Moal salah èta kolot
Hayang budakna asup ka sawarga tur cahayaan
Hiji deui...
Kolot nu mèrè ngaran budakna ”Komaruddin”
Meureun manèhna ngaharepkeun
Budakna nyaangan ka batur nu kapoèkan
Lir ibarat caangna bulan purnama...
Lah kitu wè pokona mah...

Matak kuring kungsi ho’okeun basa nyaho aya jelema nu ngaran ”runtah”
Nyaan ieu mah asli...
Ari barang ditanya ka jinisna...”naha tiasa nami tèh Runtah mang”
Pokna tèh kieu...
Muhun jang, tuang rama tèh gaduh kayakina kieu
”mèrè ngaran budak mah, naon anu ditingali pangheulana nalika orok gubrag ka alam dunya, nya kabeneran nu pangheulana katingali ku bapa mamang tèh runtah jigana

Emmmh... tepi ka kituna èta kolot

oOo

tah gening..
nanaona gè kudu ku èlmu...
tepi ka mèrè ngaran mèrè ngaran kudu ku èlmu...

 -sakitu-


Tidak ada komentar:

Posting Komentar