- Rumasa kuring geus lila nyaba ka kota ninggalkeun lembur, duka diaku kènèh duka henteu di lembur sorangan ogè
- Rumasa loba basa sorangan nu laleungitan tina lètah kuring, da bakat ku lila tara bijil tina ieu lètah..
- emh hampura "BASA SUNDA", lain kuring ngahaja mopohokeun ka anjeun,da kacinta kareueus mah moal welèh ngancik dina ieu diri.
- Kuring jangji ka anjeun "BASA SUNDA" moal deui deui mopohokeun... sakali deui h-a-m-p-u-r-a
- Atuh nya di dieu pisan kuring seja tatanya
- ogè di dieu pisan kuring seja kumpul ngariung jeung dulur saSUNDA
- susuganan ku jalan kieu basa nu kungsi leungit, basa nu kungsi poho nyalampeurkeun deui kana ieu lètah
- hiap kadieu "BASA SUNDA" tong anggang ti kuring da kuring ogè moal anggang ti anjeun
- Da rumasa kuring milu ngabogaan anjeun,
- anjeun ogè omat kudu ngaku ka kuring.
-kuring-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar