Sabtu, 20 Agustus 2011

Fatihah


[Kinanti]

Ayat mimiti Alhamdu
Nu panungtung Waladoolliin
Èta surah Al-Fatihah
Sok dibaca siang wengi
Surah pangbuka Al-Qur’an
Kerep harti lèbèr eusi

Ari hartina Alhamdu
Puja puji kanggè Gusti
Jalma teu daya upaya
Ulah sok hayang kapuji
Gusti anu murbeng alam
Kawasa sagala rupi

Atuh ayat nu katilu
Nguni Arrohmani Rohim
Pangèran nu maha welas
Katut anu maha asih
Maha welas ka sadaya
Maha asih kanu Muslim

Ayat kaopat nu luhung
Nya Maliki yaumiddin
Gusti anu mangèranan
Jaga dina poè ahir
Urang jadi pasakitan
Mantena nu janten hakim

Lajeng iyyaka na’budu
Tur Waiyyaka nastain
Ka Gusti wungkul ibadah
Tur mundut pitulung Gusti
Poma tong saukur mènta
Ibadah kudu sing rajin

Mundut jalan ngabulungbung
Jalan Sirotol mustaqim
Nyèta jalan jalma-jalma
Anu satuhu ka Gusti
Anu di paparin nikmat
Sapertos ka para Nabi

Atuh pamundut panungtung
Pamugi urang sing tebih
Ti jalan nu dibenduan
Jalan jalma nu munafik
Komo jalan anu sasab
Jalan na jalma nu kafir

Sakitu anu kahatur
Sumangga mugi katampi
Mugi urang henteu hilap
Ti cangkang dugi ka eusi
Jang padoman hirup urang
Tumut ka Robbul Izzati
-o-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar