Minggu, 21 Agustus 2011

Al-Wahn


Al-Wahn teh Saur mama ajengan Parhan mah
"Nyaah kana dunya, jeung sieun kana paéh"
- anu kaleuleuwihi -

na enya kitu....??

ah kétang asa teu merenah pertanyaan kitu mah..
da ceuk sasauran mama ajengan parhan saterasna téh kieu:
"Loba manusa anu ngabogaan sifat éta (Al-Wahn)"
apan loba téaaa henteu sadaya.. ngan sawaréh
berarti aya ogé manusa anu teu katerap ku éta panyakit téh

enya inget kana kecap Al-Wahn téh,
kuring asa hayang ngadongéngkeun pangalaman sorangan
basa kuring sababara taun kamari, ngalaman jadi pupuhu lembur

Duka ngeus jadi tabéat urang Indonesia duka kumaha atuh
lamun jol téh program ti pamaréntah nu sipatna ngabagikeun dunya,
da pasti atuh paheula-heula
teu sirikna ,,, mun meunang mah hayang ku sorangan,,batur mah ulah.

Jol program raskin (Beras untuk Masyarakat MISKIN) téa
da éta meni jul jol nu mawa karung, nu mawa baskom, nu mawa rantang
ngan euweuh sotéh nu mawa telebug... da euweuh nu bogaeun téa di dieu mah
euweuh nu teu ngaku MISKIN harita mah.. da bakat hayang kaagéhan téa
kajeun teuing manéhan pantes atawa henteuna
teu éra ku budak nu sakola di sakola nu pangmahalna
teu éra ku motor nu ngajéngjréng di imahna

Dina mangsa séjén édarkeun ku kuring téh surat anu kurang leuwih eusina
himboan jang nyarieun Kartu GAKIN (kulawarga Miskin)
anu pungsina jang barobat gratis  kulawarga miskin
mun dina hiji mangsa anggota kulawargana aya nu gering
pon kitu deui teu beda ti Program Raskin atuh
jul jol nu itu ngaku Miskin, nu ieu sarua
lamun sakalina dijawab téh ku kuring, cik atuh,, pan silaing mah teu sangsara sangsara teuing
da éta murubut alesan jang ngayakinkeun kuring yén manéhna téh MISKIN
geus kitu mah bati gogodeg kuring... tepi ka kitu nya boga tatanga téh

Teu jauh béda... pokona mun torojol bantuan
boh ti pamaréntah boh lain.. pasti paheula-heula, sakapeung mah parebut
Jol pakét lebaran, Jol pakét daging qurban, jol pangbagian baju urut
malah sakapeung sok lieur buga bagi téh, komo mun bari kagok mah jumlahna
cékéng matak pipaséaeun ieu mah...

Dina hiji mangsa, pangurus masigit ngaharéwos ka kuring
"Pa'.. ini ada dana kain kafan yang sudah terkumpul dari para jama'ah da warga
minta tolong diumumkan"
teu lila celengkeung wé kuring ngumumkeun dina hiji riungan bapa-bapa
"para sadérék sadaya, saur pangurus, di masigit tos sayogi boéh siap dianggo
seueurna tilu setél, ka saha waè anu badè nyobian ngango tipayun, sumangga dihaturanan.. haratis"

Da éta jep jempling sugan aya nu ngacung hiji wéh
kalahka patuduh-tuduh...
ceuk si itu manèh, ceuk si éta, didinya wé tiheula...

Nyaaa... bukti pan...!!!
Wahn tèh enya ayana
loba diantara urang nu ngabogaan éta panyakit

oOo

Padahal lamun kasauran mama ajengan parhan salajengna deui, kieu...
ieuh.. da anu ngaran-ngaran rezeki mah geus dipincukan ku Gusti téh
geus aya eukeurna séwang-séwangan.. moal pahili

tuluy nu ngaran paéh nya kitu deui..
geus ditangtukeun ku gusti téh waktuna
poéna, jamna, menit jeung detikna
moal bisa dipundurkeun atawa dipajukeun

Taah... mun kitu mah
urang téh kudu nilik kana diri
nempo ka jero diri sorangan
mun seug ceuk rarasaan kaancikan ku éta panyakit,,
geuwat gera ubaran,, bisi kaburu nemen...

- sakitu -



Tidak ada komentar:

Posting Komentar