Dina hiji poè Mama Karom mèrè tugas ka barudak
tugasna tèh, barudak di titah nulis tujuh kaahèngan dunya…
Kè dikumpulkeun jam pelajaran terahir…
Nu geus ngumpulkeun meunang balik, nu acan kudu nganggeuskeun tepi ka rèngsèna
Walhasil nu can angeusmah moal waka bisa balik wèh.
Kocap kacarita jam pelajaran terahir…
Si Kabayan jeung sababaraha urang can baralik… pastina can arangeus migawè tugas
Si Kabayan culang cileung..
Rèk niron sieun katohyan ku Mama, da titatadi hayoh waè ningalikeun
Rèk nanya ka si Asep,.. si Asep gè keur culang cileung bangun nu sarua bingungna
Rèk nanya ka si Sadiah, Komo… da Sadiah gè sarua beletna jeung manehan nana…
Teu kungsi lila….
Si Asep balik….
Si Sadiah deuih nuturkeun balik…
Tinggal manèhna sorangan, duaan jeung si Mama nu semu muncereng…
Puncereng si Mama tèa lain bantrak bantrakeun nu keur bingung..
Antukna …
Teu antaparah deui , gudrud gudrud wè si Kabayan nulis… duka nanahaon nu di tulisna mah
Kacaritakeun diteun Mama Karom…
Kira-kira jam 8 peuting.. tas balik ti tajug, Mama mukaan tugas nu tadi
Pikiran Mama… ah da geus salsè ayeuna mah…
Ngaderes ngeus, sholat Isya puguh deui, beuteung wareg.
Kari ngadagoan sakadang tunduh.. bari mariksa tugas barudak
Nu pangheulana dibaca tèh tugas anu An-an Nurjannah.. minangka budak pangpinterna di kelas mah
eusina tèh kieu..
7 kaahèngan dunya:
- Piramida
- TajMahal
- Tembok Cina
- Menara Pisa
- Borobudur
- Menara Eiffel
- Pulau Komodo
Tuluy ka nu Enis, Kokom, Irod, Dik-dik….
Ieusina sararua teu bèda jauh…
Da pan mèmang bener 7 kaahèngan dunya mah ngan èta-èta na
Ngan nu minangka barèda tèh dina runtuyan nana..
Aya nu Piramida heula..
Aya nu Tjamahal heula
Jstè…
Panungtung gep kana pagawèan meunang si Kabayan Mama tèh…
Taaah rada bèda ieu mah… teu wudu Mama gè rada kerung
Kieu eusina pagawèan si Kabayan mah..
7 Kaahèngan dunya:
- Meunang niroooooon
- Meunang sarè mun Mama keur nerangkeun
- Meunang bobogohan jeung si Nyai (Iteung)
- Meunang ngurek di balong Bah Encèt
- Meunang ngagojod sapoè jeput
- Meunang darmaji teun bi Juhayah
- Meunang morosotkeun sarung si Abah
Make ditungtungan kun nb sagala geura handapna tèh: “Tah kitu Mama kaahèngan dunya kangè abdi mah”
Nyel tèh èta Mama… ambek nyedek tanaga midek tèa..
Rèk ambek.. ambek ka saha… da mangkeluk nu èk diambek na mah duka dimana boa.
Tungtungna mah duk sek wèh Mama. Can tunduh gè dipeureum-peureum
Da di inget-inget mah kalahka beuki keuheul…
Bari teu wudu rada kukulutus ogè ngakalakeun si Kabayan.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar