Sabtu, 20 Agustus 2011

Nguseup Impun


Poè senèn si Kabayan teu sakola…
Isuk-isuk katingali keur cinukduk sisi balong bi Hadni, bari ngulang-ngulang awi sapotong.
Tungtungna èta awi aya ramat cau nganteng ka handap…
Tungtung ramat aya cacing lemèt  gugurinjalan…
Kabayaan… keur naun ari ujang teu sakola….?
Korèjat.. gebeg… ampir-ampiran si Kabayan tigujubar, bakating ku reuwas…
Iiiiiih.. si ibi mah ngareureuwas. kumaha pami abi tigujubar?
“singhoreng bi Hadni nu nyalukan si Kabayan tèh”
Bi Hadni (BH): Enya atuh hampura ujang… kunaon atuh ujang teu sakola?
Kabayan (KB): acuk  bodasna baseuh biii… can diseuseuh ku ema.. “bari samutut”
BH: haarr… naha atuh? Pohoeun sugan ema manèh tèh nya
KB: muhun..
BH: ari èta ujang keur naon na sisi balong ibi?
KB: Nuju nguseup bii
BH: nguseup naon.. naha ning ku ramat?
KB: èta nguseup burayak dèdod
BH: aaaah atuh ujang mening ancrub tibatan kitu mah. Can tangtu meunang. Dina meunangna ogè lila pan… soook gera  ancrub! Yeuh make sair. Sakali nyair gè, moal teu loba beubeunangan. Ngan kadè ulah nyair nu sèjèn. Burayak dèdod wèh.
KB: Aliiiim… ibiiiii….”bari ngejat jeung bibirigidigan”
BH: naha embung…? bodo ujang mah niing… dibèjaan nu ngeunah tèh embung
KB: sakali deui aliiiim ibiiii…. Jerooooo… “bari ngejat ngajauhan”
BH: jero kumaha? Dèèt ujaang.. apan ieu tèh balong ibi atuh... ibi mah nyaho.. dèèt ieu balong tèh.
KB: Iiiih… si Ibi mah lalawora… jero ibii… tingal wè ku ibi salangit balong ieu mah jeronagè. Ongkoh itu langit gè katingal…. Heeeuuu… moal teu laput pami ancrub tèh.
BH: heu..  budak tèh… kumadinya wè deuh… “ngalungkeun sair”
Dekul deui wè si Kabayan mah nuluykeun nguseup ku ramat dicacingan tèa…
-sakitu-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar